CALUNG KARAWANG

Cara Urang Calung Ngablogger

  • Home
    • Profile
    • Web Design
    • Statistik Blog
    • TV Qur'an
    • Illustrasi
    • Ekspresi
    • Version 1
    • Version 2
  • Megamenu
    • Bahasa
    • Tutorial
    • Aplikasi
    • Blogger
  • Destinasi
    • Wisata
  • Features
  • Aplikasi
  • TV Qur'an

Home Artikel Cara supaya tetep sumanget hirup

Cara supaya tetep sumanget hirup

Admin August 20, 2020 0

Dumasar kana kaayaan hirup jelema ti jaman ka jaman tangtuna oge robahna sagala tingkah polah manusia, nya pan kabeh oge geus diatur ku Alloh Azza Wazzala, nah dina ngarobah tingkah polah manusa di alam dunya Alloh parantos nurunkeun sababaraha pangajaran anu dipasihkeun ka para nabi sareng rosul-Na, sapertosna turunna kitab-kitab suci sareng mushaf tea. nya meureun anu kasebut system kahirupan. 
Tangtuna wae system kahirupan eta unggal-unggal zaman pastina oge beda faham beda cara.
Jeung dina salian Alloh nurunkeun kitab-kitab kahirupan pikeun manusa, oge Iblis oge teu cicingeun ngareka perdaya manusa ku rupa-rupa gogoda, boh dina kaayaan manusa eta keur bener atawa salah. Estuning iblis mah pinter ngareka-reka kahirupan manusa, nu bener bisa salah, nyakitu sabalikna nu salah jadi bener. Nu kadang saupami urang nyakseni kahirupan manusa, geuning aya wae jalma nu tadina masantren tepi ka mangsa balegna, eh teu pugah-puguh kabawakeun kana gaul anu goreng hayuh ngilu ruang-riung jeung nu mabok, nya anu ahirna jadi suul khotimah (goreng ka ahirnakeun). Sabalikna jalma nu tadina kalakuanna sok babadog rarampog, tukang nginum, tukang judi, amprok wae jeung anu pinter agamana, insyaf we manehna hirupna jadi bener atawa khusnul khotimah (alus katungtungnakeun).
Tah dina zaman kiwari anu kararitu teh sok hese katempona, sababna kahirupan teh ampir sarua wae, jalma anu teu pinter agama oge katempona bisa jadi bener, sapertos aya tukang maksiat tapi dina adab-adabna sok ngucapkeun salam, ah pokona mah hujah keur nutup kalakuanna anu goreng, unggal amprok jeung urang muslim sok maca salam, eta wae artis anu ngahaleuangkeun lagu dangdut dina panggung sok kadenge ngucapkeun salam sacara islam, pan teu payus sareng pagaweanna, meureun anu dipake teh adab-adab eta keur nambahan daya tarik, tapi salah ngalarapkeunna. Nya dina kahirupan anu sapertos kitu teh, maranehna teu make aturan samistina anu sacara elmu pangaweruh, ngan saukur bisa nurutkeun otodidak. Ceuk ringkesna mah bisa nyaho bener teh, nyaeta sanajan tara sholat oge asal ulah ngarugikeun batur, pasti dina lingkungan di masyarakat mah nu kitu teh dianggap bener we.   
Ceuk babasan urang sunda mah kahirupan nu kararitu teh keur nyaimbangkeunna teh iwal kudu Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Janten jalmi mah tong hoyong kagungan pamadegan ortodok sareng karakter anu dipimilik satiap jalmi sewang-sewangan, hartos nangkep kana kaayaan jaman teh teu monoton.
Nu matak kahirupan sapertos kitu mah ngarobahna teh kumaha robahna sagala fasilitas anu unggal waktu sok gunta ganti, matak fahamna teh jadi robah, sapertos anu ngalap elmu tasawuf yen kahirupan anu kabeh diluluguan ku barang-barang buatan jalma kafir, eta kabeh kasebut haram saupami dianggo umat islam, Naon contona?, adzan atawa ngaos make sapeker, ngupingkeun radio, lalajo TV atawa video hukumna haram. Ah pokona mah naon wae anu aya kakaitan sareng produk elektronika anu kasebat bieu hukumna haram. Nu nyerat oge kungsi ngiring ngaos suluk cabang tina Tasawuf, geuning mani kaiket pisan sareng aqidahna para sufi, seueur pisan syarat-syarat anu kedah ditedunan diantawisna :
1. Ngirangan gaul bebas, teu kenging ngulampreng kaluar pondok atanapi bumi, salian salat jum'ah;
2. Jauh tina barang-barang subhat, nyaeta radio, televisi, recorder, pangageng soanten (speaker) sareng barang elektronik sanes, anu matak nafsu kana dunya;
3. Teu kenging heula nikah saacan gaduh kamampuan kanggo nafakohna;
4. Teu kenging ningal lawan jinis nu sanes mahrom, minimal nyalenggor teu kenging ditingali, saupami ngalanggar nyakitu piakibateunna ngahayal lawan jinis;
5. Teu kenging nuang anu matak ngahudangkeun nafsu syahwat;
6. Ngurangan nyarios, hartosna nyarios mung ukur anu aya mangfaatna, nya wadahna dawah tea;
7. Kedah puasa salami ngalap elmu suluk;
8. Kedah nyeueurkeun ibadah, sholat ti wengi sareng seueur wiridan.
Ah pokona mah beurat we saupami teras dielmuan, biheung tepi ka ayeuna meureun moal boga nanaon, kalebet gaduh istri sareng putra. Nu saatos kaluar mah tina ngalap suluk cabang marifat tea, kakara hirup teh ngagebray cenghar teu kuted teuing, sumanget  kana hirup timbul deui, bisa ningali alam dunya anu sakieu ramena, jungkiringna gedong-gedong agreng sareng hotel rajeg di unggal tempat, pasuliwerna kandaraan wara wiri di jalan, ah lain caritakeuneun we sanggeus teu ngalap elmu nu kasebutna tasawuf,  bebas geuning hirup teh bisa boga pagawean, pamajikan, anak jeung harta barana kaasup barang-barang subhat tea. Jeung deui kahirupan sapertos kieu teh teu pisan mungpang tina Al-qur'an, dumasar kana surat Al-qosos ayat 77 nyaeta " Elmu tuntut dunya siar, tapi teu ngajantenkeun urang sombong".


Baca Artikel Lain
Baca Artikel Lain : 

5 Cara ngolah media sosial jadi duit

Cara membuat slide show pada Power Point

 Sacara umum mah islam teu ngajarkeun nyaram ngagunakeun barang-barang buatan kafir, kabeh oge wenang dipake, da eta mah mung saukur anu aya hantar kakaitan sareng Muamalah atanapi kakaitan antawis papada jalmi dina hal anu teu aya sangkut paut sareng ibadah, sok sanaos sareng bangsa kafir oge, islam henteu nyegah kana hal eta, kiteuh..." asal teu aya hantar kakaitanna jeung barang-barang haram we, conto saupama urang meuli inuman bahanna tina alkohol meureun haram atawa meuli kadaharan ngandung daging bagong nya haram tah, tapi mun eta barang dipidamel tina barang halal nya kadituna oge halal. Nanging saupami ngagunakeun barang-barang jieunan jalma kafir sapertos radio, TV, Casset recorder jeung anu ayeuna nu tumuwuh leuwih hebat, kasebut Handphone android jelas ieu wenang dipakena, asal tadi kumaha ngagunakeunna. Tapi nyakitu, pangaruh gorengna ka balarea pangutamana mah ka rumaja, fasilitas eta teh seueur pisan pangaruh kagorenganna anu difungsikeun dina jaman kiwari. 



Aya deui pangaruh kabudayaan nu datangna ti faham-faham nu teu hade jaman kiwari, kacida mangaruhan pisan kana tumuwuhna karakter para rumaja jaman kiwari.
Di antawis faham faham eta teh nyaeta;
- Ririungan atawa nongkrong teu puguh di sisi jalan, memang teu ngabibisani hirup para rumaja jaman kiwari, nu kasebutna budak ngora pasti ngalaman tungkrang tongkrong di sisi jalan, padahal saestuna yen tempat nu disebut jalan, pasar, kebon, tempat hiburan jeung tempat-tempat rame atawa sepi eta loba nyirurukna syetan syetan nu ngulampreng di dinya.
- Nginum inuman heuras (miras), kayaning inuman nu ngandung alkohol anu lain ti misti, ah pokona mah rek sabaraha prosen  campuran eta alkoholna tetep kalabetna haram saupami dikonsumsi sareng matak ngajantenkeun mangaruhan anu teu hade kana tumuwuh pikiran sareng watak jalma, tah nu matak urang sing waspada barang beuli inuman teh, nyakitu mangpaurkeun eta inuman tos dicampuran alkohol, inuman anu ngandung alkohol bisa dicirikeun dina kandungan komposisina, teu disebut alkohol oge sakapeung pausahaan eta sok nyantumkeun make basa kimia diantawisna aya etanol ( etil alkohol) anu ngagaduhan rumus kimiana C2H5OH  sareng anu ngagaduhan rumus empirisna C2H6O ieu kasebut alkohol murni atawa alkohol jinis absolut anu sok mindeng dianggo campuran miras atanapi kanggo kapentingan ilmu kasehatan kanggo ubar Psikoaktif, aya deui jinis metanol (methil alkohol) anu gaduh rumus kimiana CH3OH, tah ieu mah jenis alkohol nu sok dipake kanggo kaperyogian industri, biheung oge jinis metanol anu katelah spirtus teh matak kacida  bahayana, sawab jinis alkohol ieu sapertos bahan bakar, nu babari kabeuleumna.


Baca Artikel Lain
Baca Artikel lain : 

Cara agar tidak kecanduan dengan media sosial

Cara Membuat E-book File CHM Compiler

Foto : merdeka.com
- Diajar maen judi, jelas-jelas kalakuan nu kitu kacida diulahkeun pisan dina agama, naon margi salian matak nyandu kanu ngagunakeunna oge matak ngarugikeun batur jeung matak jadi papaseaan, sok komo ayeuna anu geus ngetrend ngaliwatan jaringan internet judi-judi online kacida mahabuna, diantawis judi-judi online anu mindeng pisan mucunghul sapertos Casino, Binomo, anu kalebet Binnary options anu mangrupikeun platform gambling atanapi judi, teras deui aya trader binnary options eta oge system anu dianggo teh nganggo system tebak-tebakan, meureun kaasupna judi atuh, nyaeta anu disebat judi teh kacida ngarugikeun ka sababaraha fihak, sedengkeun anu nganggo eta aplikasi dina internet tos ngaluarkeun artos seueur, tapi tong boro duitna nambah kalah lapur pisan. 

- Diajar maen musik sareng nyanyi, tong hayang pinter maen musik sapertos ngahitar, nyuling, miano jsb sareng pinter janten vokalis, eta kabeh alat musik sareng tembang atanapi nyanyi teh mangaruhan anu teu hade kana karakter rumaja, diajar musik sareng tembang ngajantenkeun diri jalma janten  jumawa, sombong, adigung sareng nu pangletikna mah ngajantenkeun manja atawa males, sumuhun melid kana gawe nya embung diatur ku batur, pangutamana jadi loba kaera ancrub kana gawe beurat, majarkeun teh kurang pantes katempo ku batur, cobi saupami ningali kahirupan para artis anu glamour, anu dina prak-prakanna mah pamohalan daek guyug di masyarakat, ku pakean anu necis oge moal daekeun ka tempat-tempat kotor, tampil soteh hirup balangsak mung saukur jadi sampel di film-film, eta ninggang artis anu sepuh-sepuhna memang jalma boga, kumaha saupami ninggang jalma anu teu boga icikibung diajar musik jeung nyanyi, saendeng-endeng moal bisa tampil di panggung atanapi direkrut janten artis, paling oge bisa ngamen dor to dor dina luhur beus atawa mapay-mapay jalan raya, nya kasebutna ngamen tea, nyakitu deui saupami jadi jelema teu pinter dina pangabisanna ngolah seni, nu antukna jadi artis moal  ngalakonan ngamen oge teu bisa, nu kasaksen teh hirup jadi jelema gembel di jalan-jalan, ih bararaid teuing ceuk urang lembur mah; 

Foto : Bangsaonline.com

- Diajar bobogohan, tong dimimitian hayang boga kabogoh, dumasar kana papagon agama yen nu kasebutna bobogohan teh hukumna haram, naon sawabna, ari anu kasebutna bobogohan teh nyaeta silih kenalkeun salira diantawis jinis anu benten, lalaki jeung awewe, saupama eta dua insan paamprok pastina oge aya pangaruh hawa anu beda, hawa naon cenah, sumuhun hawa syetan tea. Tah eta hawa teh ngancrubkeun papada jalma antara lalaki jeung awewe ngalakukeun hubungan anu teu pantes, jinah kasebutna; pan saur agama oge saupama dua insan ngalakukeun jinah, maka hukuman na kedah dirajam dua duana tepikeun ka maotna, karak cenah dosa teh lubar atawa dihampura ku Alloh, mun teu kitu engke di aherat moal bisa ngambeu seungitna sawarga pisan, malah hirupna saendeng endeng di jero naraka pikeun jalma anu sok jinah;

- Diajar ngaroko, mun jalma geus ngarasanan haseup roko, nya nyeuseup tea pangaruhna cukup hebat ,wuih play.. cenah....., Ceuk nu nyandu tea mah roko teh boga niley leuwih ti hargana awewe atuh, majarkeun teh ' Lebih baik putus cinta daripada putus merokok', kacida bahayana akibat geus nyandu kana roko, sok komo ngaroko bari jeung miceun di WC matak betah pisan, sanungtung eta roko can beak mah moal we nguniang hudang, nyakitu akibatna oge salian  miceunan kana waktu jeung duit, ngaroko teh bisa ngakibatkeun kedul kana gawe,  ngudag kana harga diri, jeung embung diutah etah ku batur, cacakan dititah ku indung bapa oge sok melid, teu saeutik saupama jalma sering ngaroko, engkena babari pisan ancrub kana narkoba jeung deui anu pangleutikna anu bakal kaalaman teh kasawat teh daratang ka urang sapertos nyeri huntu, heueuh arompong teu puguh,  ..., Ah pokona kasawat-kasawat anu ditimbulkeun tina alatan haseup roko rea pisan, saupami teu gancang-gancang eureun ngarokona, nurutkeun panalungtikan ahli kasehatan  yen dina sawatang roko ngandung kirang langkung 5000 racun..." Nu piakibateunna apal  meureun saupami urang teh teu nyaah kana awak, sagala kasawat bakal nampek ka diri urang, kiteuh;

Foto :gosign.co.id

- Diajar gaul bebas, tong we ngamimitian gaul bebas di luar kontrol indung jeung bapa, karakter-karakter anu teu mawa hade bakal ngawujud dilantarankeun aya pangaruh dina gaul bebas, sawab sewang-sewangan diri mawa karakter anu beda, da jalma mah sanggeus gaul bebas pasti we pangaruh anu teu hade geus entep kana dirina, anu ngajantenkeun jauh ti nasehat indung jeung bapa katut papagon agama, sok sanajan eta jalma alumni sakola agama nu hade, ari geus gaul bebas mah, tanwande sagala nasehat leungit katutup ku pangaresep, sapertos Sapi lepas tina gedogan, nyaeta sanggeus leupas mah pasti kaburna jeung naon wae engke diranjah sok sanajan dipager pasti tobros;


Foto : pt.slideshare.net

- Acara Pesta, Ilibiung, icikibung dina pesta atawa kumpul kumpul bebas nu teu aya mangfaatna, aya ondangan naon wae anu nunjukeun pesta anu teu hade tong ditedunan, kabeh oge moal aya guna sareng mangfaatna, malah tiasa janten jelema melid kana sababaraha aktifitas, sumuhun saatosna seuseur kumpul-kumpul atanapi campur gaul, hoream we kana naon wae boh pagawean atawa ibadah, lolobana jalma nu sok mindeng pesta teh, engkena waregah hirup di imah, hoream kumpul jeung indung bapa atawa dulur, da pikiranna geus kalimpud lengket masket jeung babaturan saideologina, heueuh edeolohi anu teu waras;
Diajar lalajo, hartosna lalajo boh di layar bebas atawa layar khusus, engkena bisi jadi kabiasaan hayang terus lalajo, sok komo lalajo vedeo klip atawa youtube dipahing ulah pisan, dinu kitu mah sok mindeng mucunghulna popup gambar porno,  nyaeta ngiklankeun film In the Hot, sumuhun adegan panas gan, upami ku murangkalih dilalajoan kumaha karakterna kapayunanna, pan eta teh harepan tinu janten sepuh, leres teu.
Nu kasebat pidamel awon anu aya di luhur omat pisan ulah sagala dipidamel ku urang-urang ayeuna, sok komo saupami dipidamel ku murangkalih urang sadaya, hal ieu pisan tiasa ngareksak kana jiwa sareng pamadeganna. Padamelan-padamelan sapertos kitu teh katampana mung sauukur mere kapuasan samentawis hungkul bari jeung caket bahayana kana akal pikiran  katut tumuwuhna karakteristik, sareng biheung eta oge nambahan kuatna hate nu tos kabeungkeut ku kabiasaan-kabiasaan goreng anu engkena teh lelet pisan atanapi langkung tikitu mugen pisan midamel padamelan anu sae.
Aya sababaraha tip kanggo masihan sumanget kana kahirupan urang sadaya, anu eta tip tiasa ku urang dilakonan unggal dinten, saupami rutin teras-terasan dipidamel tangtu bakal mawa ni'mat tur sumanget kana hirup urang, diantawisna;
1. Gugah unggal wengi kanggo ngalaksanakeun sholat wengi, tahajud, sholat witir sareng wirid;
2. Tong kulem deui salira sabada sholat subuh;
3. Enjing-enjing, olahragi atanapi babatek kirang langkung pangsakedik waktosna 15 menit;
4. Ibak bari dibaseuhan mastakana, sanes ibak junub wae,  pasti bakal segerna;
5. Nyeueurkeun sholat dhuha unggal dinten;
6. Tong kulem dina waktos-waktos aya reaksi kasawat, antawis enjing-enjing dugi tabuh 10, sonten bada sholat ashar dugi ka mahrib, istirahat anu pangsaena dina waktos tabuh 12 bada sholat lohor dugi tabuh 2 siang, upami wengi sabada sholat isya dugi waktosna sapertilu wengi ahir; 
7. Nyeueurkeun masihan sodaqoh atanapi infak ka fakir miskin sareng tempat-tempat ibadah.
Sakieu ti sim kuring, cag..", hatur nuhun pisan kasumpinganna, hapunten anu kateda, boh bilih aya kecap anu nyigeung kana manah anu maos.
Wassalamu'alaikum.

Tags: Artikel
Share:

Post a Comment

Newer Post Older Post Home
Subscribe to: Post Comments ( Atom )
Designed by OddThemes

Error

Powered By Blogger

Caloeng Map
KUNJUNGI HISTATS
CARI LOKASI ANDA

About Author

Bergaya diatas prestasi, berupaya meredam prustasi.
Sim kuring, Herman Permana El-Hakiem, Blog kuring mangrupi hiji lembur.

Assalamualaikum, Nepangkeun dulur, Calung Blogger anu ngeunaan hiji blog anu mintonkeun seratan-seratan di kaca blog anu dipuseurkeun kana gantar kakaitan sareng kadaerahan nu aya di Karawang terkhusus Kampung Calung. Salami ieu blog-blog anu kapendak ku sim kuring di dunya maya carang pisan nyawalakeun kana kakaitan sareng singharep nyaeta hiji lembur. Sok sanaos elmu pangaweruh sim kuring nu diserat di sababaraha kaca blog kacida kakiranganna, nanging nyakitu mugi-mugi wae aya salah sawios kecap kanggo bahan cepengan atanapi catetan kanggo pamaos sadayana, nu tiasa dijantenkan bandingan pangaweruh atanapi rujukan anu ngeunaan hiji lembur. Nu saestuna urang digubragkeun sareng diagengkeun di lembur teh mangrupikeun catetan anu moal tiasa laas kapopohokeun, Sumuhun gan tilam katineung tea, sakieu we lur ti sim kuring, mugi-mugi sing janten anu matak ngagumbirakeun kapayunna, hatur nuhun pisan.
BAHASA INDONESIA


Hai Sobat perkenalkan, Saya Herman Permana El-Hakiem, Penulis sebuah blog kampong, Assalamualaikum, Perkenalkan sahabat, Calung Blogger adalah sebuah blog Kampung yang isi postingan-postingan halamannya terfokus kepada kedaerahan yang ada di Karawang terkhusus Kampung Calung. Selama ini blog-blog yang kami temukan di dunia maya jarang sekali membahas keterkaitan dengan sebuah obsesi tentang sebuah Kampung, walaupun pengetahuan yang kami tuliskan di beberapa halaman ini sangat minim, tetapi mudah-mudahan saja ada sepatah kata untuk menggugah hati pembaca sekalian untuk berobsesi tentang sebuah kampung halaman, yang pada dasarnya kita terlahir ke dunia yang pertama kali muncul status seseorang adalah dimana dia dilahirkan dan dibesarkan, yang tentunya tempat ini merupakan catatan kehidupan yang jangan pernah dilupakan, Demikian dari penulis.
BAHASA INGGRIS


Hi friends, I am Herman Permana El-Hakiem, author of a village blog, Assalamualaikum, Introducing friends, Calung Blogger is a village blog whose page posts focus on regions in Karawang, especially Calung Village. So far, the blogs that we find in cyberspace rarely discuss the connection with an obsession about a village, even though the knowledge we write on these few pages is very minimal, but hopefully there are a few words to inspire readers to obsess about. a hometown, in which we are basically born into the world where a person's status first appears is where he was born and raised, which of course this place is a record of life that should never be forgotten, Thus from the author.
PLEASE YOUR VISIT

Stay Connected

Popular Posts

  • Kemerdekaan RI, Naha urang teh geus merdeka kitu
  • Bisnis anu kedah di jalankeun jaman kiwari
  • Cara supaya tetep sumanget hirup
  • Potret Kampung Calung
  • Apa itu Sunrise?
  • Ngaran Kekembangan
  • Anak Monyet
  • Anak Lubang
  • Cara mengunci file atau folder dokumen pada harddisk di komputer
  • Anak Maung (Harimau)
Powered by Blogger.

Category

  • Anak Binatang 9
  • Anak Sasatoan 9
  • Aplikasi 4
  • Artikel 12
  • Binatang 6
  • Blogger 1
  • Destinasi 11
  • Hobi Ternak 1
  • Kamus 3
  • Nama Bunga 1
  • Ngaran kembang 1
  • Obat Herbal 1
  • Sasatoan 6
  • Tutorial 8
  • Wirausaha 2
  • Wisata 11
  • industri 1

Contact Form

Name

Email *

Message *