Jodoh, pati, bagja jeung cilaka,
eta sadayana mangrupakeun katangtuan Alloh Azza Wazzala anu moal tiasa dipungpang ku kahoyong jalma. Tapi sok sanaos kitu urang teh dina prak-prakanna mah tetep wae kedah dilaksanakeun ku jalan usaha sangkan eta sadaya anu dipasihan ku Alloh ka mahlukna anu nganggo cukang lantaran, nyaeta hiji jalan ceuk basa nu ngalap elmu tasawuf mah disebut Torikoh asal kecap dina basa arab "Thoraiq", nu hartosna :jalan, pituduh atanapi cara.

Sacara umum memang islam anu sumebar di alam dunya ieu seuseueurna ngagem dumasar kana hiji Sareat basa arab "Syariaa" nyaeta sadaya kahirupan anu dilakonan ku sadaya jalma islam teh dumasar kana hukum atanapi aturan anu sacara bundelna mah nurutkeun pituduh Al-qur'an sareng Al-Hadits, anu katelahna nu shahih nyaeta " Syariat Islam ". Kumaha jalan anu sanes aya teu salian ti syareat, nurutkeun aturan mah saupami anu tos teu aya di Al-quran sareng Al-hadits teu kenging milari pituduh kanu sanes, janten anu kedah dianggo rujukan teh dua pituduh eta, leres teu. Naha syareat teh dilaksanakeun leres-leres teu dina ajaran islam?, nurutkeun urgen sim kuring, eta dua katangtosan nyaeta Qur'an sareng sunnah teh moal tiasa dilaksanakeun di unggal tempat, naon margina?, dumasar kana prinsip-prinsip anu dicepeng ku unggal nagara, teu tiasa anu ngeunaan hukum sareat diterapkeun di unggal nagara anu aya umat islamna, leres teu. Entong-entong kitu, ti nagara asal bijilna elmu syareat eta aya we jalma anu ngalanggarna, leres teu?.
Tong tebih-tebih ahli sareat nu ngawuruk elmu pangaweruh sareat, tapi seueur nu araraneh. Anehna teh, geuning prak-prakanna mah nu ngalap ilmu Sareat atanapi nu katelah elmu Syar'i seueur pisan papalingpangna anu dijalankeun kunu ngelmuanna, anu hartosna ngalap elmuna teu leres. Dina elmu Syar'i sadaya nunjukeun yen sagala tingkah polah mahluk diatur ku aturan nu disebut Al-qur'an sareng Al-hadits. Nanging teu kitu kanyataan mah geuning, entong-entong ku anu ngalap elmu syar'i handap keneh, sumuhun sapertos sim kuring anu karak diajar keneh. Oge ustadz sareng para ulama anu elmuna teh tos kacida luhur tur ahengna oge, hih......" tetep we eta jalan anu syar'i seueur dipungpangna, atuh meureun teu sapagodos sareng samistina elmu-elmu anu dielmuanna, contona aya para ustadz atanapi ulama anu janten kafir atanapi sesat, hartosna pamadeganna teh tos oyag atuh, kirang kana kayakinanna lempeh yuni hayam kabiri, ceuk babasan tea mah. Pan tadi tea meureun gogoda jeung cocoba geus ditembrakeun di dunya. Teu kitu kumaha, ustadz anu jaman kiwari mah babarian atuh, karak ditembongan bitis anu koneng moronyoy atanapi karak ditawisan calik dina korsi sedan exelent atawa mercedes benz anu harga kisaranna 2 milyaran atanapi mobil mewah anu langkung awis sapertos Buggati La Voiture Noire anu dibanderol seharga USD 18,7 Juta (262,7 Milyar Rupiah) tos lempeh yuni atuh, sok komo gogodana anu datangna anu leuwih ti kitu, saupami digodana ku awewe model bintang film panggeulisna satatar dunya sapertos Alexadre Daddario ti Inggris anu berdarah ceko jeung Irlandia atanapi Margot Robbie, Jeniper Lawrence, Nikita Willy, Raline Shah, jeung rea rea deui bintang film genit sareng seksi, meureun kagodana teh nataku pisan, bisa-bisa elmu pangaweruh tahfidz Qur'an sareng hadits teh leungit we moal aya tapakna, nyaeta kagoda papaes dunya; harta, tahta sareng wanoja.
Atuh saupami kitu mah wadul kacida wadulna yen sadayana kedah kana patokan agama, bohong, linyok jeung dusta, hartosna elmu pangaweruhna sanes elmu syar'i, biheung kalebetna elmu ajug, kabatur ka nasehatan kieu ari keur sorangan kitu, cilaka atuh model ustadz sapertos kitu, Saupami kuring mudirna we dipecat tah ustadz atawa pengajar model kitu mah, saupami eta kasebutna ustadz. Sumuhun.....', ari ka murid nganasehatan, ari keur diri sorangan kuma dewek, ceuk basa sunda kuno mah sakarep ingsun, abongkena kasebut jadi pangajar, hirupna mung saukur ngagugu nafsu ngumbar amarah, dunya jeung wanoja anu kasebut di luhur nu diudag-udag, sifat ekstrimisna pulah pilih kanu leuwih , sing atuh ragap heula diri sorangan, ceuk babasan mah "tungkul ka jukut tanggah ka sadapan".
Foto Bugatti La Voiture Noire: Otopedia.com |
Ari kanyataanna teu saeutik ustadz istri-istrina geulis jeung barodas, kandaraan anu mewah tur mahal, bumina loteng sareng agreng, wah pokona mah serba wahweh we. Langkung parah mah loba ustadz kawin ka murid, anu sakapeung tina rasa kawasana di pondok pasantren aya ustadz atawa pangajar ngareunehan murid, pan asa teu payus kana gelar kaustadzanna, kuduna ngarojong ka murid supaya ngelmuna junun. Ieu mah kumaha, aya santri anu herang-herang atanapi nu geulis-geulis we diceungceum, can tamat mondokna dikawin. Komo saupami aya pangajarna bujangan, eta teu sirikna cilingcingcat atuh, geus satekah polah sangkan murid anu nami si ieu ulah dikasasahakeun, wah geus maksimal pisan rasa mokahana teh, atuh raos pisan ari kitu mah, ceuk urang jawa mah "seenak dewek". Matak ceuk kuring, saha jalma anu arek ngajar di eta pondok pasantren teh diseleksi heula, pangutamana anu ngeunaan ahlakna, nya sacara bundelna mah diantawisna;
Kahiji; Kopentensi keahlian dina widang agamana naha lulusan pondok pasantren sanes, mantep teu tahfidz sareng haditsna?, ulah aya kaluaran sakola umum ditarima janten pangajar, biheung engkena kirang pisan kana elmu pangaweruh agamana; Kadua, anu sakirana can boga pamajikan atawa masih bujangan mah tong ditarima ngajar di pondok, bisi janten fitnah, teu ngabibisani anu sok cunihin ka santri istri atawa merekedeweng teh rata-rata pangajar lalaki, ulah abongkena. Tah kana kaayaan situasi jeung kondisi sapertos kitu teh, ari jadi kolot-kolot kacida melangna, anu sakapeung hoream pasantrenkeun teh, hanjakal teu disalurkeun ka sakola umum tepi ka jununna meunang gelar sarjana.
Naon sawabna pangna kuring nyaritakeun kieu teh..?, seueur wali murid rumahuh kana kamajuan putra putrina, murangkalih anu masantren teh leres elmuna tos masagi tahfidz qur'an sareng kana hadits teu tinggaleun, nanging nyakitu elmuna teh teu bisa disalurkeun ka batur, kahiji tah, kaduana kana pernikahan eta murangkalih rada seuseut seat, lelet pisan neangan jodohna. Kuring teu nyalahkeun kana ayana pangajaran agama di pondok-pondok pasantren, kuring muji hade pisan ku ayana pondok-pondok pasantren, mung peryogi kauninga di sababaraha pondok aya anu ngayakeun pangaosan-pangaosan anu dikhususkeun ka masyarakat umum, naha ieu teh kanggo ngaraih massa keur ngadukung ayana pasantren supaya meureun hirup tur langgengna dina kamajengan pondok atanapi aya tujuan anu sanes, ngan saupami ditalungtik leuwih jero, geuning di pondok teh salian ayana pangaosan teh, geuning ayana wadah biro jodoh, nyaeta cara gampang neangan jodoh diantawis anu ngaos pameget sareng istri, ulah-ulah daek ngaji teh pedah hese kawin, meureun aya luang ti pangaosan tea, janten we cukang lantaran neangan jodoh di pangaosan eta, atuh enak pisan, babari. Dina media sosial seueur pisan dibuka biro-biro jodoh anu islami, nanging ieu mah sanes di pondok pasantren, nah saupami diantawis anjeun sesah pisan neangan jodoh, anjeun tiasa mukaan di jaringan internet, mung saukur nyobaan naon lepatna urang oge tiasa ngiring nimbrung dina gempungan eta.
Jeung anu matak manghanjakalkeun teh, kumaha teu hesena ninggang lulusan nu nyantri di pondok pasantren eta neangan gawe jeung jodoh. Nya pikeun anu gaduh ijazah sakola umum mah sapertos SMA, SMK atanapi S1 gampil pisan damel teh ditampi di pausahaan-pausahaan, ari pondok pasantren sakapeung seueur aya anu teu muka kelas studi, dugikeun bujeng-bujeng kanggo damel di pabrik atanapi di kantor-kantor, ijazah oge teu kenging. Secara rasional mah, ngalap elmu agama teh teu aya guna sareng mangfaatna ka diri batur, hartosna teu aya media anu kanggo nyalurkeunna, iwal kedah ngawulang ngaos deui, nanging dina kanyataanna seueur pondok ngangkat padamel teh sanes ti alumni pondok pasantren eta nyalira, hayuh ngangkat pangajar teh anu sanes ahli kopetensina, hartosna ngangkat anu ngawurukan elmu teh sanes lulusan pondok pasantren tapi aya ti lulusan sakola umumna, nya minimal maranehna teh lulusan pondok anu sajenis, pan ieu teh patukang tonggong sareng anu dicita-citakeun ku sepuh sareng murangkalihna, atuh kumaha tah nyalurkeunna eta murangkalih, dina hal ieu pisan pondok pasantren kedah ageung tanggel walerna.
Sok komo anu kasebutna tukang ngawuruk di eta pasantren sangeunahna we pulah pilih neangan jodoh di pondok eta keneh, atuh biheung eta kasebutna " Pager nyaplok tatangkalan". Mun cenah aya pangajar kagorenganna kadenge we ku balarea, eta mah sarua we jeung ngabolokerkeun aib dirina sorangan, Sumuhun, milari damel didinya, milari tuang didinya, ee didinya...', eh...., milari pipamajikan hayangna teh didinya keneh.
Ku ayana pangaosan-pangaosan sapertos kitu teh, kuring teu pisan nyaram, nanging ieu kedah diseleksi heula jeung ningali view and previewna atanapi latar tukangna heula atuh. Misalkeun, kumaha saupami anu ngaosna anu teu paham pisan kana agama atawa aya paham kana politik, saumpama nu ngiring ngaos teh aya eks panjahat, eks teroris, atanapi anu langkung bahaya sapertos islam radikal, pan janten ancaman di jero, sapertos contona teu saeutik dinu jaringan-jaringan internet aya aliran agama silih gorengkeun jeung sasamana, anu tungtungna mah silih hujat jeung saagama, pan ieu goreng kasebutna, cobi we dina islam pada-pada ngaku islam ahli sunah waljamaah, ongkoh ngaku islam tapi saluareun silih awonkeun sareng jongklokeun, cik kumaha ieu teh kajantenan engke kapayunna, entong-entong engke mah islam teh beuki dieu saeutik demi saeutik anu ibadah teh janten ngorotan, langkung tikitu bakal pareumna, moal aya nu disebut islam sacara waragadna, nanging kantun namina hungkul, da ieu teh bakal pasti, sawabna kiwari ibadah di masjid-masjid, mushola-mushola geus diwatesan, pangaosan di majelis-majelis ta'lim tos seueur anu ditutup, ibadah haji ka baetulloh (Arab Saudi) tos dipitembeyan ditutup, diwafatkeunna para ulama islam, tandaning ieu teh sababaraha ciri yen poe pangwalesan (Kiamat) teh geus deukeut.
Jodoh

Saha atuh anu nangtukeun jodoh?, teu aya jalma saurang oge anu nyaho kasaha jeung ka urang mana jodoh hiji jalma, sadayana oge kana pangaturan Alloh Subhana Wata'ala, henteu sugan, ieu mah jodoh urang yeuh, soalna ti leuleutik tepi ka ayeuna urang geus, kacoo istilah mah, majarkeun teh eta budak teh bapana babaturan bapa urang, pastina oge saupami diamprokeun pasti ditarimana, Naha jelema kitu nu nangtukeun jodoh?, ieu can tangtos. Jelema mung saukur kawasa dina hate hungkul, gede kahayangna pisan, ari prak-prakanna mah mungguh Alloh nu nangtoskeun, entong-entong kitu, dina dunya maya loba kacaritakeun aya jelema keur papangantenan teu jadi ngajodohna, henteu kungsi ngalaman heula sare bareng di ranjang, eh sore-sore aya teh aya nu neang, bari jeung ngawakwak " Tangkurak siah....", gableg hutang gede urut kamari oge can dibayar", ayeuna geus kawin deui...", bari jeung dijiwir ku hiji awewe. Sihoreng teh pamajikanna nyusul, meureun salakina geus lila can balik ka imahatawa carita sejen sapertos hiji panjahat diuk jeung panganten istri dicerek ku pulisi dilantarakeun kajahatanna, tah kabeh oge meureun lain jodohna, cikan klik artikel nu handap ieu anu ngeunaan gagal ngajodoh :
Naha Aya kitu kisah cinta nu gagal di tengah jalan, tangtos we aya seueur pisan, saupami eta kisah ditembrakeun sadaya dina ieu kaca blog sim kuring sapertosna moal kawadahan sareng maosna oge pastina oge matak kesel sareng cangkeulna, pasti panjang lir ibarat urang ngagorolongkeun bola ti tungtung pulo jawa kulon tepi ka wetan, meureun matak capena. Nanging, kisah anu dipintonkeun cekap we kanggo pieunteungeun urang sarerea sareng anu pangsae-saena kiteuh.
Ieu mah kisah cinta sahabat rosululloh sholallohu alaihissalam anu kantos jomblo salami 35 warsih, kumaha cenah kisahna, kieu cikan aos ku anjeun;
Baca artikel ini :
Foto Salah sahiji pamandangan endah di Arab SaudiNaha |
Disebutkeun dina waktos jaman Nabi
Muhammad sholallohu alaihissalam aya hiji budak ngora anu dingaranan Zahid, anjeunna yuswana 35 taun
tapi anjeunna henteu kantos mendakan jodohna. Zahid kajantenan cicing di Suffah
masjid Madinah sareng dina hiji dinten anjeunna ngasah pedang ngadadak Nabi
Muhammad sumping sareng ngucapkeun salam. Anjeunna reuwas sareng sakedik gugup
nalika ngawaler.
Rosululloh Sholallohu Alaihissalam naros naha Zahid
masih hirup waé nyalira?" sareng anjeunna némbalan, "Allah sareng abdi, ya
Rasulullah". Maka Rosul kasauran deui, "Maksudna naha anjeun tetep
bujang, anjeun moal daék nikah?". Zahid ogé ngawaler, "Wahai
Rosulullah, abdi henteu ngagaduhan padamelan permanén sareng pameunteu kuring awon, saha anu hoyong sareng kuring, Rasulullah?" "Salami karep, bisnis gampang!" ngawaler Rasulullah Sholallohu Alaihissalam.
Teras Rasulullah Sholallohu Alaihissalam maréntahkeun
batur ngadamel surat anu ngandung usul pikeun Zahid ka awéwé nu geulis turunan
luhur ti Madinah anu namina Zulfah binti Said. Surat ieu ogé dikirim ku Zahid
nyalira ka Said. Nalika maca éta, Said katingalina kaget sabab dina tradisi
Arab, saurang bangsuh biasana bakal jadi kawin ti hiji turunan karajaan, jalma
beunghar kedah nampi anu beunghar, disebutkeun katelah salaku konsep sekufu.
Saur tungtungna naros ka Zahid, "Wahai adi kuring, naha ieu surat ti
Rasulullah leres?" Zahid ngawaler, "Naha anjeun kantos ningali kuring
ngabohong?".
Dina waktos éta ogé dugi Zulfah
anu teras nyarios, "Bapa, naha anjeun mani leutik pisan sareng tamu ieu, sanés
langkung saé disuhunkeun lebet?". "Nun anak kuring, anjeunna anom-anom
anu ngajukeun janten garwa," waler jawab. Ngadéngé kitu, Zulfah bari nangis teras nyarios aya seueur pamuda anu kasép sareng sugih anu hoyong anjeunna.
Zulfah henteu badé nampi usul Zahid. Nanging nalika anjeunna terang yén usulna
nyaéta perintah ti Nabi Muhammad, Zulfah langsung ngarobih pikir.
O bapa, naha henteu nyarios yén
anu ngusulkeun nyaéta Rasulullah? Teras kuring kedah langsung nikah ka pemuda
ieu, "saur Zulfah saatos ngado'a sababaraha kali sabab anjeunna ngarasa
hina ngeunaan nolak proposal Nabi ka Zahid. Ngadéngé kitu, Zahid bagja pisan
teras ucapkeun pamit kanggo mulih langsung sujud syukur di masjid. Rasulullah
ogé bagja sareng anjeunna teras nyarioskeun ka nyiapkeun pernikahan ku
ngadatangan Abu Bakr, Ustman, sareng Abdurrahman bi Auf kanggo nampi artos anu
cekap. Olahan pikeun pernikahan Zahid kaleresan manjing waktu sareng persiapan muslim pikeun
perang ngalawan kafir. Ningali kaayaan ieu, Zahid mutuskeun pikeun mesen deui
nyiapkeun pernikahan anjeunna sareng mésér kuda anu pangsaéna tina artos anu
atos dijual. "O Zahid, tapi wengi ayeuna anjeun bulan madu sareng anjeun
badé tarung?", Babaturan-Na ngingetan anjeunna. Tapi pageuh anjeunna
mutuskeun pikeun terus berjuang sabab anjeunna langkung seueur Allah sareng
utusan-Na. Akhirna, Zahid angkat ka jihad sareng syahid di jalan Allah. Maka
saur Nabi, "Dinten Zahid téh dina bulan madu nya sareng malaikat anu
langkung endah tibatan Zulfah." Ngadenge kecap-kecap Kanjeng Nabi, para
sahabat sami ngeureunkeun duka sareng Zulfah nyarios, "Ya Allah, bagja
kumaha bakal salaki kuring bakal, upami kuring teu tiasa bareng sareng di
dunya, hayu atuh kuring sareng anjeunna di aherat. Euleuh geuning kayakinan nu iman ka Alloh mah geuning mani satia kitu?, cobi saupami ninggang jalma nu lemah iman, nemen-nemen teuing anu kasep anu geulis masih keneh seueur, matak ku jaman kiwari teuing mah moal we aya jalma kayakinanna panceg, pasti we oyagna teh, eta mah moal diukur gelar ustadz atanapi para ulama, tetep we hatena mah epes meer, tong boro dikantunkeun ku istri, nu masih keneh boga jelas-jelas aya kahayang nambahan sagala, Taadud tea meureun. Tah ningali kana kisah-kisah tadi mudah-mudahan aya bongbolongan pikeun anu maos dina salami ieu acan kantos nikah, geuning anu aya hantar kakaitan sareng jodoh teh teu gampang, cocobi teh sok wae narembongan anu sakapeng ngahalangan tekad urang, tah ku cara-cara maos oge ieu teh mangrupikeun hiji elmu kanggo rujukan ngabantosan kanu kenging kasesahan dina milari jodoh, pangutamana mah bekelna teh Tawakal ka Alloh, Sabar, Daek usaha, Tumarima kada taqdir sareng Ikhlas kiteuh...", mung sakieu cag ah, Wassalamualaikum.
Post a Comment