CALUNG KARAWANG

Cara Urang Calung Ngablogger

  • Home
    • Profile
    • Web Design
    • Statistik Blog
    • TV Qur'an
    • Illustrasi
    • Ekspresi
    • Version 1
    • Version 2
  • Megamenu
    • Bahasa
    • Tutorial
    • Aplikasi
    • Blogger
  • Destinasi
    • Wisata
  • Features
  • Aplikasi
  • TV Qur'an

Home industri Mangfaat Handphone Versi Android

Mangfaat Handphone Versi Android

Admin August 30, 2021 0



Tinekanan pisan ku kamajuan teknologi industri zaman kiwari, teu bisa ngabibisani ti sababaraha kelompok masyarakat anu hirup zaman ayeuna teu nolak anu kasebut teknologi canggih. Dugi kana danget ayeuna tina sabagean gede jalma ti bangsa naon wae, keukeuh narima kana kamajuan zaman. Ieu teh memang dumasar kana pangabutuh anu penting pisan. Eta rek kana widang naon wae, nya kaasupna widang agama oge narima kana kamajuan tehnologi tadi. Teu kitu kumaha, tug dugi ka ayeuna taya hiji tokoh agama atawa ulama ngaharamkeun kana perangkat teknologi, sok komo ngamakruhkeun mah, pangutamana mah nu sangkut paut sareng handphone versi android, sadaya ulama sapagodos perangkat nu bieu teh mubah, meureun kasebutna " Halal" atuh dianggona. Eta mah rek eusina aya aplikasi anu nguntungkeun atawa ngarugikeun, jelas-jelas sadayana sapuk eta teh gede mangfaatna. Naon pangna kuring nyebutkeun kitu, teu kitu kumaha, sapertos dina agama islam, rek kelompok atawa manhab naon wae, nu disebut handphone android, loba pisan mangfaatna. Sumuhun, di zaman kiwari mah rek mere informasi komunikasi teh teu kudu gadag gidig aangkatan atawa iinditan kaditu kadieu, tinggal pencet we tombol power dina handphone, eta mah rek muka aplikasi chattingan, esemesan atawa video call, mung ukur ngabutuhkeun waktu sababaraha detik atawa menit, teu kudu ngaluarkeun  luut leet kesang badag kesang lembut minuhan baju, teu kudu ngaluarkeun duit ratusan rebu keur ongkos iinditan, eta mah pagawean anu jegud,  model urang kaasup masyarakat tingkat tengah kahandap mah, mending model kitu make handphone android kiteuh.

Da memang anu kakaitan sareng perangkat tadi teu aya hiji ulama anu nerangkeun hadits atawa ayat Al-quran anu ngalarang make handphone. Sok komo keur ngababarikeun nyebarkeun dawah, geuning handphon teh mangfaat pisan, dijieunna handphone teh maslahat dunya sareng aherat, tapi lain hartina parangkat ieu mangrupakeun fasilitas ibadah, Sanes...", jeung can tangtu ngagunakeun handphone teh gede pahalana, malah biheung ieu kana bisa nambahan dosa urang, sakumaha oge sakuat-kuatna iman manusa, saumpama di aplikasi disampakan notifikasi gambar-gambar anu hal-hal pasalia sareng kaimanan manusa, pastina oge iman teh bisa oyag. Ngagunakeun parangkat ieu mah kaasupna hubungan manusa jeung manusa dina widang komunikasi, nya nu disebut hal Muamalah tea, sok sanajan komunikasi beda agama oge teu ngajadikeun masalah. 

Ah cenah aya efek nehatifna, eta mah kasebut aksesoris kahirupan atuh, teu hiburan-hiburan acan mah atuh.." hirup teh mung saukur bangkenu jeung kutud we, moal aya hear-hear seuri atawa senyum. Da bongan tadi tea, taya hiji tokoh ulama anu ngaharamkeun atawa ngamakruhkeun kana perangkat tadi, bener teu?".

Tapi ceuk prediksi kuring mah, saumpama kalangan ulama atawa ustadz nyaram atawa nolak kana perangkat handphone android, nyaeta ngaharamkeun atawa ngamakruhkeun, nya sapertosna meureun pangaosan teh bubar, anu akibatna loba pondok pasantren kosong molongpong ditinggalkeun ku santri-santrina, lapur atuh loba elmu agama anu teu bisa ditepikeun ka balarea. Matak weleh-weleh we, para ulama oge ngajejempe maneh. Pan tong boroning para ulama, hate leutik kuring oge, ari ningali karuksakan ahlak anu kaalaman ku murangkalih zaman kiwari teh hate mah ngaheulas. Boa-boa di zaman anu bakal datang mah, lain hungkul ruksak ahlakna malah moralna oge loba anu barejad. Teu kitu kumaha, kaayaan budak zaman ayeuna, lain katempo pinter ngaji atawa sakola, teu bisa disumput salindungkeun, loba barudak bisa maruka aplikasi-aplikasi anu can kahontal ku para sepuhna, geus puguh di tempat-tempat suni, cacakan hareupeun kolot oge masih warani. 

Nya anu untung mah kelompok jelema awam anu teu nyaho kana kamajuan, sapertos ku urang kasaksen yen masih loba suku-suku asing anu can kasabaan ku kamajuan teknologi industri, sapertos suku-suku Baduy, Dayak, Dieng, mun di Indonesia kumaha saumpama  di manca nagara pastina leuwih loba. Tah suku-suku asing bangsa nu karitu anu moal ka fitnah ku barang-barang madhorot. Da eta mah anu disebut suku terasing, tong boro bisa nyoo handphone versi android atuh, cacakan anu disebut radio, teve, sompok jeung sapeker anu sok dipasang di masigit-masigit umum, didinya mah teu aya. 

Beda deui pikeun bangsa anu pangeusina geus narima kamajuan tehnolohi industri anu ngambah prospek modernisasi, saumpama kulawarga anu loba anakna, geuning handphone teh loba gunana, salah sahijina pan keur ngabebenjokeun budak sangkan ulah ngabeka hayang jajan itu jeung ieu. Saumpama aya budak nyoo handphone sapoe jentul, tong dicaram antepkeun..", pan mangfaatna teh geuning duit teh awet dipakena. Geus jadi ilahar atuh saumpama urang boga handhone dimangfaatkeun, eta mah rek mukaan Whatsapp, Facebook, Google, Yahoo, Youtube atawa aplikasi game, keun wae...". Anu kasebut versi android ayeuna mangfaatna oge gede pisan. Geuning tisaprakna dunya ieu rame ku ayana wabah pandemi covid 19, anu tadi loba guru atawa ustadz nyaram budak make handphone, ayeuna mah malah sabalikna diajar oge kudu make handphone, nya sakola atawa ngaji online tea. Teu kudu gidig indit katempat ngaji, teu kedah angkat ka tempat dawah, buka we handphone, pan online tea, bener-bener gede mangfaatna. 

Tepikeun ku loba anu ngonlinkeun sagala kagiatan, mucunghul aplikasi-aplikasi online sapertos Zoom Meeting, Teleconference internet jeung sajabana, naon cenah maksud jeung tujuanna teh?", nyaeta sangkan pagawean bisa digarap kalayan tartib jeung beres. ulah tepikeun sagala aktivitas sapertos widang pendidikan, parawisata, agama, jrrd teu mandeg kitu wae, katunda ku ayana pandemi ieu. Tidinya mah meureun para intelektual dina widang elektronik teh narekahan sangkan lumangsungna sagala aktivitas teu mandeg, nya muncul we aplikasi online tadi.

Ari saacanna memang sistem jaringan teh geus dilaksanakeun ku sistem Luring, Tapi ayana sistem offline sapertos Luring (Luar jaringan) bieu teh, teu bisa ngahontal sistem pangajaran dina waktu keur pandemi kieu, Da ari sistem Luring anu basa ITEna disebut Sistem Local Area Network (LAN) memang aya watesna, teu bisa ngahontal jarak jauh, kusabab ieu jaringan mung ukur make kabel. matak mucunghul sistem Daring (Dalam Jaringan) atawa ceuk urang sunda mah Jering, nu dimaksud Jero Jaringan atawa Dina Jaringan meureun. Karak sistem pangajaran make Daring mah biheng bisa tepi ka barudak anu sakarola atawa kuliah. Tapi pikeun anu jadi kolot mah ku ayana sistem kitu teh kudu waspada, bisa hanas we barudak dibere handphon tapi teu digunakeun keur diajar tea, nyaeta dampak nehatifna gede, ti dieu anu jadi kolot kudu ngabogaan Quality control, ieu teh sangkan budak bisa diajar sacara fleksibel atawa luweus kalayan tartib bari jeung teu ngoprek handphone ka mana wae, tong dibebaskeun teuing, mun bisa mah dibimbing.

Kumaha cenah tanggapan para wali murid ku ayana diajar sistem online ieu?", Is puguh we loba pisan tanggapanna teh, aya pro jeung kontrana kana ieu sistem. Kahiji, Prona teh budak bisa anteng cicing di imah, kalayan bisa ka kontrol ku kolotna masing-masing; Kadua, Kontrana, loba kolotna anu humandeuar kana sistem diajar online atawa Learning From Home (LFH), majarkeun teh keudeung-keudeung meuli paket pulsa wae, ah pokona mah kaluar duit teh leuwih gede batan ngongkosan budak mangkat ka sakola. Anu matak ngawatirkeun mah dampak online ieu dampak ka lembaga pamarentah atawa swastanisasi, ti saprak aya pandemi covid 19 digawe milu online, kasebutna digawe format pendataan biheung bisa dilaksanakeun, coba saumpama nyieun barang-barang naha kudu online kitu?", pan moal bisa, maenya nyieun parangkat otomotif, elektronik atawa nyieun kueh digawekeun pake online. Jadi saumpama salilana aya pagawean online atuh kumaha cara nganiley kinerjana?. Mending manual we, geus dumuk kasebutna "Indit katembong birit datang katembong tarang", kiteuh.

Kamari saacan ayana pandemi covid 19, urang bebas iinditan, eta mah rek ka tempat wisata, ka mall, tempat hiburan, malah mah ayeuna mah leuwih ti kitu, rek sholat ka masigit oge diwatesan, cirining pandemi eta kacida bahayana keur kahirupan manusa. jadi we jadi patokan hirup ayeuna teh kamajuan industri, sagala canggih. Meureun matak kitu oge Alloh Subhana wata'ala tos masihan totonden yen hirup teh ulah jongjon teuing loba maksiat ka anjeun-Na. Sabenerna mah meureun aya online teh lain fokus kana komunikasi dina Whatsapp, Facebookan, balanja online. Tapi anu leuwih dipenting pisan mah, urang loba singhareup ibadah ka kanu nyiptakeun bumi sareng langit. Sok sanajan dina handphone urusan agama dina masalah dawah atawa ibadah geus nyampak, tapi aya efek samping nehatifna keur naon atuh?. Jadi anu kasaksen ayeuna mah, jalma anu ariman teh lain ngaji maca Al-qur'an atawa Al-Hadits, ih ayeuna geus mahabu, rek dzikir, sholat, dawah, geuning antukna mah muka aplikasi di handphon. 

Padahal saumpama ku urang dikotektak leuwih jero, geuning aplikasi-aplikasi di handhone teh loba ngarugikeun masyarakat, diantarana wae loba pisan warta-warta Hoak, anu memang kacida mere sugesti anu teu bener kanu macana. Tah ku warta-warta Hoak atawa linyok teh, teu saeutik jalma-jalma diaradu, nyaeta parasea alatan warta-warta eta. Matak kuring mah kurang resep posting-posting ngalangkungan handphon teh, anu leuwih aman mah muka laptop bari jeung bisa digawe. Ceuk paribasa "Wajib kalakon sunah kalampah", heueuh cekeng, digawe bisa muka aplikasi oge bisa, kiteuh. Mangfaat cenah handphon android teh?", Eta mah kumaha ngigelannana, tapi nurutkeun kuring mah, mending sagala kagiatan teh mending Online, naon sababna pangna nyebutkeun kitu teh. Saumpama sagalana dilaksanakeun ku tatap muka atawa face to face, biheung teuing loba mafsadat atawa madhorotna. Saumpama di kalangan pendidikan we, teu saeutik antare pelajar ribut nyaeta tawuran antare sakola, barudak loba anu ngabarohong ka kolotna, loba kasempetan barudak nongkrong di mall-mall, statsiun atawa di halte-halte bis, nya bolos sakola tea.

Sabenerna mah sistem online geus dilaksanakeun dina widang pendidikan, sapertos panampian siswa nu anyar anu disebut PPDB atawa Pendaftaran Peserta Didik Baru sareng Ujian Nasional online. 

Naon bedana Diajar Online jeung Belajar Jarak Jauh?

Diajar online pikeun murid sakola ti SD dugi SLTA atawa Perkuliahan Online biheung ieu teh karak dilaksanakan ayeuna-ayeuna saeunggeusna mencarna pandemi Covid 19 di unggal daerah di saantero dunya. Ari anu disebut diajar jarak jauh atawa ceuk basa deungeunna anu kasebut Learning by long distance atawa Distance Education jigana mah saacan mencarna pandemi ieu tos aya, sapertos di paguron luhur di Universitas Terbuka diajar jarak jauh tos dilaksanakeun. Ari dimensi diajarna mah memang beda, diajar jarak jauh mah teu kudu make media audio video visual atawa zoom metting model ayeuna, mahasiswa anu kuliah di Universitas Terbuka mah cukup ngapalkeun materi kuliah dina waktuna oge iraha bae, anu penting mah dina  nyanghareupan Ujian Akhir Semester (UAS) mahasiswa teh siap responsiv kana materi ujian tadi. Beda jeung diajar online, murid jeung guru babarengan muka aplikasi video, eta mah rek ngaliwatan Zoom Metting, Teleconference atawa ngaliwatan handphone sacara privat, acarana lumangsung harita keneh, online tea, tah eta meureun mangfaatna boga handphon versi android teh. 

Nanging nyakitu, ku ayana perangkat lunak versi android ieu teu saeutik salaki jeung pamajikan parasea alatan handphone, teu saeutik jelema loba katipu alatan hanphone, teu saeutik loba barudak jongjon maraen aplikasi game, jeung teu sautik jelema keudeung ceg keudeung ceg kana handphone, muka aplikasi Whatsapp jeung Facebook, bari jeung bahamna cungar cengir teu puguh he...he...cenah. Naon atuh kauntunganna?, nya meureun  kasebutna tadi bisa komunikasi jarak jauh atawa balanja online hungkul, sedengkeun efek-efek nehatifna leuwih ti misti, Cag ah..".

Tags: Artikel Bahasa Sunda industri
Share:

Post a Comment

Newer Post Older Post Home
Subscribe to: Post Comments ( Atom )
Designed by OddThemes

Error

Powered By Blogger

Caloeng Map
KUNJUNGI HISTATS
CARI LOKASI ANDA

About Author

Bergaya diatas prestasi, berupaya meredam prustasi.
Sim kuring, Herman Permana El-Hakiem, Blog kuring mangrupi hiji lembur.

Assalamualaikum, Nepangkeun dulur, Calung Blogger anu ngeunaan hiji blog anu mintonkeun seratan-seratan di kaca blog anu dipuseurkeun kana gantar kakaitan sareng kadaerahan nu aya di Karawang terkhusus Kampung Calung. Salami ieu blog-blog anu kapendak ku sim kuring di dunya maya carang pisan nyawalakeun kana kakaitan sareng singharep nyaeta hiji lembur. Sok sanaos elmu pangaweruh sim kuring nu diserat di sababaraha kaca blog kacida kakiranganna, nanging nyakitu mugi-mugi wae aya salah sawios kecap kanggo bahan cepengan atanapi catetan kanggo pamaos sadayana, nu tiasa dijantenkan bandingan pangaweruh atanapi rujukan anu ngeunaan hiji lembur. Nu saestuna urang digubragkeun sareng diagengkeun di lembur teh mangrupikeun catetan anu moal tiasa laas kapopohokeun, Sumuhun gan tilam katineung tea, sakieu we lur ti sim kuring, mugi-mugi sing janten anu matak ngagumbirakeun kapayunna, hatur nuhun pisan.
BAHASA INDONESIA


Hai Sobat perkenalkan, Saya Herman Permana El-Hakiem, Penulis sebuah blog kampong, Assalamualaikum, Perkenalkan sahabat, Calung Blogger adalah sebuah blog Kampung yang isi postingan-postingan halamannya terfokus kepada kedaerahan yang ada di Karawang terkhusus Kampung Calung. Selama ini blog-blog yang kami temukan di dunia maya jarang sekali membahas keterkaitan dengan sebuah obsesi tentang sebuah Kampung, walaupun pengetahuan yang kami tuliskan di beberapa halaman ini sangat minim, tetapi mudah-mudahan saja ada sepatah kata untuk menggugah hati pembaca sekalian untuk berobsesi tentang sebuah kampung halaman, yang pada dasarnya kita terlahir ke dunia yang pertama kali muncul status seseorang adalah dimana dia dilahirkan dan dibesarkan, yang tentunya tempat ini merupakan catatan kehidupan yang jangan pernah dilupakan, Demikian dari penulis.
BAHASA INGGRIS


Hi friends, I am Herman Permana El-Hakiem, author of a village blog, Assalamualaikum, Introducing friends, Calung Blogger is a village blog whose page posts focus on regions in Karawang, especially Calung Village. So far, the blogs that we find in cyberspace rarely discuss the connection with an obsession about a village, even though the knowledge we write on these few pages is very minimal, but hopefully there are a few words to inspire readers to obsess about. a hometown, in which we are basically born into the world where a person's status first appears is where he was born and raised, which of course this place is a record of life that should never be forgotten, Thus from the author.
PLEASE YOUR VISIT

Stay Connected

Popular Posts

  • Apa itu Sunrise?
  • Ngaran Kekembangan
  • Mengenal 50 jenis burung kicau yang banyak dipelihara
  • Potret Kampung Calung
  • Anak Monyet
  • Anak Lauk
  • Anak Lele
  • Anak Munding
  • Anak Lubang
  • Anak Sapi
Powered by Blogger.

Category

  • Anak Binatang 9
  • Anak Sasatoan 9
  • Aplikasi 4
  • Artikel 12
  • Binatang 6
  • Blogger 1
  • Destinasi 11
  • Hobi Ternak 1
  • Kamus 3
  • Nama Bunga 1
  • Ngaran kembang 1
  • Obat Herbal 1
  • Sasatoan 6
  • Tutorial 8
  • Wirausaha 2
  • Wisata 11
  • industri 1

Contact Form

Name

Email *

Message *