CALUNG KARAWANG

Cara Urang Calung Ngablogger

  • Home
    • Profile
    • Web Design
    • Statistik Blog
    • TV Qur'an
    • Illustrasi
    • Ekspresi
    • Version 1
    • Version 2
  • Megamenu
    • Bahasa
    • Tutorial
    • Aplikasi
    • Blogger
  • Destinasi
    • Wisata
  • Features
  • Aplikasi
  • TV Qur'an

Home Bahasa Sunda Dunya taya wates

Dunya taya wates

Admin August 10, 2021 0

 Zaman kiwari kaayaan dunya teh geus loba nu robah, ieu teh bisa oge ku urang katinenan boh kaayaan adat istiadat jeung tingkah lakuna umat manusa. Naha naon atuh sabab musababna pangna kitu teh?". Nya pan tadi tea, kaayaan jaman anu beuki dieu beuki sarwa modern. Memang, urang teu bisa ngabibisani kana kaayaan robahna dunya ieu. Tapi nyakitu urang sing bisa ngigelanna. Aya paribasa " Ngindung ka waktu ngabapa ka zaman", mun teu kitu urang bisa katinggaleun jaman. Bisa oge kasebutna jalma kurang pergaulan (kuper), kuuleun atau kurung batok, kiteuh.

Kiwari maceuh jalma-jalma kaedanan anu kasebutna sarwa modern tea, teu di lembur teu di kota, teu nu beunghar teu nu malarat, teu menak teu cacah, kabeh oge papada hayang kacumponan pangabutuh keur ngigelan eta jaman tea. Naon atuh tujuanna pangna tepi ka kitu teh, nyaeta ngudag-ngudag status atau harga diri kahirupan pribadina, ceuk basa kerenna mah self esteem atawa privacy, ih estuning rengkak paripolah jalma-jalma jaman kiwari jauh pisan bedana saumpama dibandingkeun jeung jalma-jalma jaman baheula. 

Mun ningali ka jaman baheula mah, jalma-jalma teh loba anu diajar prihatin dina kahirupanna, teu merekedeweng model jalma jaman kiwari, ari boga kahayang ari kudu teh kudu, jiga we hukumna teh fardho ain. Cik we titenan, dina masalah sarana transportasi we, baheula mah hayang tumpak pesawat ngapung teh hararese, ceunah mah mun teu munggah haji munggah haji teuing ka Baetulloh, heueuh ka Mekah,  moal we bisa  numpak kapal apung. Ih anu kasebutna jaman kiwari, teu kudu munggah haji ka baetulloh, cenah rek Bandung, Surabaya, atawa luar nagri babari pisan, sok komo dina urusan travel mah, hih eta mah diarep-arep pisan ku pausahaan. Ningali kana kitu tea mah, dipikir-pikir mending jaman kiwari tibatan jaman baheula saumpama urang rek ngudag-ngudag anu praktis jeung enjoy. Tapi nyakitu ku kamajuan jaman global ieu loba jalma anu ruksak akhlakna, entong-entong jalma anu awam atawa jauh kana urusan agama, cacakan jalma anu luhur elmu pangaweruh dina widang agama, ku pangbibita dunya loba anu ustadz jeung para ulama anu leeh, nyaeta pan tadi tea; harta, tahta jeung wanoja. Ti dieu anu kasebutna "Dunya taya wates", nyaeta dunya anu taya wates, rek naon boga kahayang tea mah, kuma aing we. Saha anu rek nyaram, duit duit aing, harta harta aing, lamun eta jalma geus poho kana purwadaksina jeung kanu nyiptakeunnana. 

Anu leuwih parah mah di jaman kiwari, loba jalma kaedanan ku parangkat lunak saperti Handphone atawa Tilpun cekel, teu kolot teu budak kunaon bisa kabebenjokeun ku fasilitas saperti kitu, baheula alat saperti kitu teh penting pisan dikhususkeun keur fasilitas komunikasi jarak jauh. Kabehdieukeun handphone teh beki canggih wae,  ku kamajuan industrialisasi jeung teknologi, versi-versi android beuki tohaga canggihna, versi android ngabogaan system operasi berbasis Linux anu dirancang pikeun layar sentuh, oge anu di terapkeun dina aplikasi komputer atawa tablet. Saha atuh anu marajian handphone versi android ieu, iwal ti bangsa deungeun anu ngaranna memang sohor nyaeta Andy Rubin ti New York Amerika Serikat, di taun 1990 an manehna nyieun perangkat android, anu memang tug ka kiwari dimanfaatkeun pikeun perangkat komputer jeung tilpun pinter. 

HTC Dream, ponsel Android pertama (Poto :Wikipedia.com)

Anu kasebutna handphone keur komunikasi teh lolobana dipake kaulinan barudak, heueuh dipake maen game online, selfi-selfian, main tiktok, ah pokona mah wahweh hoh we. Ku robahna handphone versi jadoel ka versi android teh geuning dunya teh geus taya watesna. Padahal kuring harita ti saprakna handphone versi jadul diganti ku versi android sama sakali teu katarik pisan hayang ngabogaan handphone saperti kitu, geuleuh cekeng teh dina layarna sok mindeng mucunghul popup-popup anu jorok katempona teh, arijid teuing ah. Nya pedah we meuli handphone versi android teh ieu dipaksa lain kapaksa, yen pamarentah anu nangtungkeun aturan sangkan lembaga lembaga institusi nagara jeung kabeh pausahaan swasta ngawajibkeun pagawe atawa karyawanna boga handphone versi android. Naon cenah maksudna, nyaeta keur alat kontrol karyawan anu sangkut paut jeung data absensi karyawan. Memang aya alusna eta teh, karyawan bisa ka kontrol dina aplikasi kehadiran, katingal jelas dina aplikasi eta, waktu jam sabaraha asupna jeung poto selfina aya, ku aplikasi ieu jelas-jelas moal bisa dibohongan, tapi mun sacara online, pikeun sim kuring yeuh, ku aplikasi model kitu aya rasa waswas, da jelema teh teu jujur kabeh jeung teu belegug kabeh deui. Meureun pikeun jalma anu belegug mah lamun muka aplikasina dimana wae moal bisa, kudu we mangkat ka tempat gawe, majarkeun teh handphonna error cenah, beda jeung pinter mah, saumpama selfianna di Amerika oge tetep we absenna teh di tempat gawe. Nya sapinter pinterna otak manusa bisa oge diakalan deui, srua we ieu mah "Jeruk ngakan jeruk". rek dibolekerkeun oge, meureun geus lain rusiah deui, jadi we gawe ayeuna loba online, ngeunah pisan hirup pikeun jalma anu digawe sacara online, salian gawena online gajih jeung tunjanganna badag deui. Sok komo ti saprak mahabuna pandemi covid 19, ampir kabeh aktivitas dionlinkeun. Heueuh, ayeuna mah aya sakola online, gawe online, geus puguh balanja mah saacan pandemi oge online, ngeunah pisan geuning hirup teh, kuring mah ngadoa sangkan pandemi ieu sing diangkat deui ku Alloh, ulah ngajantenkeun sagalana online. da ari gawe online mah asa teu paruguh, cik naon atuh hanca gawena. Mun bisa mah anu sangkut paut urusan online dihapus anu urusan eta ngarugikeun nagara atawa sasama manusa kiteuh. Tah ku ayana aplikasi gawe online teh memang kacida pisan ngarugikeunna. Ceuk kuring mah, akibat ayana komunikasi versi modern, loba pisan anu dirugikeun pikeun kahirupan manusia. Meureun matak mucunghulna kasawat pandemi covid 19 oge, manusa hirup di dunya loba anu teu jujur kanu Kawasa Alam dunya ieu, nyaeta ka Alloh Subhana Wata'ala, biheng ieu teh cocoba atawa azab ti manten-Na. 

Ceuk kuring mah, handphone android teh ganti we ku versi jadul, heueuh ieu sangkan jalma-jalma eling kana purwadaksina deui, teu jongjon teuing mukaan handphone, sakapeng mah sok keuheul, kedeng-kedeng nempo jelema teh belah dieu nyikikik, belah ditu jamedud, belah dinya nyakakak, wah geus rupa-rupa we tingkah manusa jaman kiwari, ari disebut nu gelo embung. Ari disebut waras, proyeksina teh handphon deui handphon deui.

Nyinghareup kana kaayaan kamajuan industri, saha jalma anu mungpang kana pangbibita dunya ieu, kabeh oge luuh jeung leeh, ayeuna mah sagala rupa oge bisa dibeli, salian hargana murah meureun aya mangfaatna.

Ny

Tags: Artikel Bahasa Sunda
Share:

Post a Comment

Newer Post Older Post Home
Subscribe to: Post Comments ( Atom )
Designed by OddThemes

Error

Powered By Blogger

Caloeng Map
KUNJUNGI HISTATS
CARI LOKASI ANDA

About Author

Bergaya diatas prestasi, berupaya meredam prustasi.
Sim kuring, Herman Permana El-Hakiem, Blog kuring mangrupi hiji lembur.

Assalamualaikum, Nepangkeun dulur, Calung Blogger anu ngeunaan hiji blog anu mintonkeun seratan-seratan di kaca blog anu dipuseurkeun kana gantar kakaitan sareng kadaerahan nu aya di Karawang terkhusus Kampung Calung. Salami ieu blog-blog anu kapendak ku sim kuring di dunya maya carang pisan nyawalakeun kana kakaitan sareng singharep nyaeta hiji lembur. Sok sanaos elmu pangaweruh sim kuring nu diserat di sababaraha kaca blog kacida kakiranganna, nanging nyakitu mugi-mugi wae aya salah sawios kecap kanggo bahan cepengan atanapi catetan kanggo pamaos sadayana, nu tiasa dijantenkan bandingan pangaweruh atanapi rujukan anu ngeunaan hiji lembur. Nu saestuna urang digubragkeun sareng diagengkeun di lembur teh mangrupikeun catetan anu moal tiasa laas kapopohokeun, Sumuhun gan tilam katineung tea, sakieu we lur ti sim kuring, mugi-mugi sing janten anu matak ngagumbirakeun kapayunna, hatur nuhun pisan.
BAHASA INDONESIA


Hai Sobat perkenalkan, Saya Herman Permana El-Hakiem, Penulis sebuah blog kampong, Assalamualaikum, Perkenalkan sahabat, Calung Blogger adalah sebuah blog Kampung yang isi postingan-postingan halamannya terfokus kepada kedaerahan yang ada di Karawang terkhusus Kampung Calung. Selama ini blog-blog yang kami temukan di dunia maya jarang sekali membahas keterkaitan dengan sebuah obsesi tentang sebuah Kampung, walaupun pengetahuan yang kami tuliskan di beberapa halaman ini sangat minim, tetapi mudah-mudahan saja ada sepatah kata untuk menggugah hati pembaca sekalian untuk berobsesi tentang sebuah kampung halaman, yang pada dasarnya kita terlahir ke dunia yang pertama kali muncul status seseorang adalah dimana dia dilahirkan dan dibesarkan, yang tentunya tempat ini merupakan catatan kehidupan yang jangan pernah dilupakan, Demikian dari penulis.
BAHASA INGGRIS


Hi friends, I am Herman Permana El-Hakiem, author of a village blog, Assalamualaikum, Introducing friends, Calung Blogger is a village blog whose page posts focus on regions in Karawang, especially Calung Village. So far, the blogs that we find in cyberspace rarely discuss the connection with an obsession about a village, even though the knowledge we write on these few pages is very minimal, but hopefully there are a few words to inspire readers to obsess about. a hometown, in which we are basically born into the world where a person's status first appears is where he was born and raised, which of course this place is a record of life that should never be forgotten, Thus from the author.
PLEASE YOUR VISIT

Stay Connected

Popular Posts

  • Apa itu Sunrise?
  • Ngaran Kekembangan
  • Mengenal 50 jenis burung kicau yang banyak dipelihara
  • Potret Kampung Calung
  • Anak Monyet
  • Anak Lauk
  • Anak Lele
  • Anak Munding
  • Anak Lubang
  • Anak Sapi
Powered by Blogger.

Category

  • Anak Binatang 9
  • Anak Sasatoan 9
  • Aplikasi 4
  • Artikel 12
  • Binatang 6
  • Blogger 1
  • Destinasi 11
  • Hobi Ternak 1
  • Kamus 3
  • Nama Bunga 1
  • Ngaran kembang 1
  • Obat Herbal 1
  • Sasatoan 6
  • Tutorial 8
  • Wirausaha 2
  • Wisata 11
  • industri 1

Contact Form

Name

Email *

Message *