CALUNG KARAWANG

Cara Urang Calung Ngablogger

  • Home
    • Profile
    • Web Design
    • Statistik Blog
    • TV Qur'an
    • Illustrasi
    • Ekspresi
    • Version 1
    • Version 2
  • Megamenu
    • Bahasa
    • Tutorial
    • Aplikasi
    • Blogger
  • Destinasi
    • Wisata
  • Features
  • Aplikasi
  • TV Qur'an

Home Kamus Kamus Bahasa Sunda Karawang -Huruf A

Kamus Bahasa Sunda Karawang -Huruf A

Admin June 29, 2020 0

Abah, ·Bapak, ayah; 
   Tah eta teh abah sim kuring 
   Nah yang itu bapak saya.

   Abahna pamajikan kuring disebut mitoha, 
   (Bapaknya istri saya disebut mertua).

Abong, Abongkena ·Mentang-mentang; 
 Abong manehna jelema beunghar, mani ngahina pisan ka kuring teh (Mentang-mentang dia orang kaya, menghina sekali pada saya)

Abreg, datang bersamaan
Nasib teh meureun keur alus, eta nu mere duit mani abreg-abregan
Nasib mungkin sedang baik, yang memberi uang datang bersamaan 

Abrig, menahan, Menolak dengan sangat
 Budak teh abrig-abrig rek dibawa mentas walungan
 Anak itu menolak dengan sangat mau dibawa nyebrang sungai

Abring, Berjalan beriring-iringan
 Unggal poe minggu sok loba nu abring-abringan di jalan anyar
  Setiap pagi hari minggu banyak yang berjalan beriring-iringan
  di jalan baru.

Abrul, Berjalan atau lari beriringan tidak henti-henti
 Loba sireum abrul-abrulan kaluar tina sayangna
 Banyak semut berjalan iring-iringan keluar dari sarangnya   

Abur, Bebas, liar
 Tong sok diabur hayam teh bisi engke leungit
 Jangan suka dibebaskan ayam itu nanti hilang

Abus, masuk
 Cenah rek maen kaleci?, Puguh kalecina abus kana liang nu jero
 Katanya mau main kelereng?”, Kelerengnya masuk ke lubang yang dalam

Acak, Acak-acakan. tidak beraturan
 Teu kaur beres nyusun buku teh, sakedeng oge acak-acakan deui
 Tidak bisa rapi menyusun buku itu, sebentar saja acak-acakan lagi

Acat, Sisa-sisa
 Aya mah kadieukeun we acat keur kuring
 Kalau ada bawa kesini sisa-sisanya buat saya

Aci, tepung,
 Aci sampeu bisa oge dipake pangraket atawa elem
 Tepung singkong bisa juga dipakai perekat atau lem       

Aclo, Lompat
 Ari lenci lumpatna aclo-acloan
 Kelinci  itu larinya lompat-lompat

Acung, mengangkat jari tangan ke atas
 Tuh geuning ngacungkeun leungeun ari budak calakan mah
 Nah itu tangannya yang diacungkan, pantas kalau jadi anak pandai  

Adi, Adik, Saudara yang dilahirkan sesudah kita
 Si Ica teh adi kuring nu pangleutikna
 Si Ica itu adik saya yang paling kecil      

Adigung, Sombong, takabur
Ulah adigung teuing hirup teh
Jangan terlalu takabur hidup itu   

Ageh, sisa

Engke agehan kuring, rek kadinya heula,
Nanti sisakan buat saya, mau kesana dulu.

Ager, Ager-ageran, sorak terus menerus
Eta nu lalajo maen bola mani ager-ageran kitu,
Itu yang menonton bola soraknya semakin ramai.

Agul, Pamer
Ulah agul ku payung butut,
Jangan pamer dengan payung jelek

Aing,  Saya, Aku
 Ke ku aing dibayar, tibang ngadahar goreng pisang dua siki
 Nanti oleh saya dibayar, Cuma makan goreng pisang dua buah           

Ais, ais

Orokna keur diais ku abahna
Bayi sedang diais oleh bapanya

 Ajak, ajak
 Rek diajak kamana anak abah teh jang?”
 Mau diajak kemana anak bapak itu nak?’

Ajen, harga, nilai
Ajen basa teh teu meuli  ieu, sok sing sopan ari ka kolot teh
Nilai Bahasa itu tidak beli, coba sopan kalau bicara sama orangtua

Ajengan, guru agama, sebutan pimpinan pondok pesantren
Punten we ajenganna nuju kaluar kota
Maaf saja guru agamanya sedang keluar kota

Ajian, Ilmu
Eta jelema ajianna luhur oge
Itu orang ilmunya tinggi juga

Ajrut, Turun
Ajrut we atuh, teu luhur ieu mobilna oge
Turun saja ya, tidak begitu tinggi mobilnya juga

Ajug, tidak semestinya
Elmu ajug teh tong dipake wae keur jaman ayeuna teuing mah
Ilmu yang tidak semestinya jangan dipakai lagi untuk zaman sekarang

Ajul,   jolok
Diajul we buah teh ari hese-hese teuing mah
Dijolok saja mangga itu kalau terlalu susah

Aka, kakak
Aka uing mah ayeuna geus digawe di Jakarta
Kakak saya itu sekarang sudah kerja di Jakarta

Akeul, aduk
Kagok kang ieu keur ngakel sangu heula
Tanggung bang ini sedang ngaduk dulu nasi

Akey, Terpingkal-pingkal
Eta jelema mani akey-akeyan barang ngadenge dongengna
Itu orang sampai terpingkal-pingkal semenjak mnedengar ceritanya

Aksara, Huruf
Aksara sunda memang beda jeung aksara jepang
Huruf sunda memang berbeda dengan huruf jepang
Baheula mah taun tujuh puluhan kaditu, sakola teh sok diajar nulis aksara sunda
Dulu tahun tujuh puluh ke belakang, sekolah itu suka belajar menulis huruf sunda

Akur, akur 1; damai, akur 2; sama atau serupa
 Jeung dulur teh sing akur
 Sama saudara itu harus damai
 Akur pisan tah sandal teh jeung leungit minggu kamari
 Sama sekali tuh sandal yang hilang minggu kemaren

Ala, petik
 Cara ngala cengek mah tong dipotes jeung tangkalna
 Cara memetik cabe rawit jangan dipotong dengan batangnya

Alakadarna, Seadanya
 Sakieu alakadarna lamun di dieu dahar teh
 Begini seadanya kalau disini makan       

Alas, Alas 1;jatah. Alas2; hutan belantara
 Nya pan eta mah geus alasna unggal poe oge
 Ya itu sudah jatahnya setiap harinya

Aleut, antri, panjang
 Mani aleut-aleutan tibang ngasakan lauk sakilo oge
 Sampai antri cuma masak ikan satu kilo juga

Alo,    Keponakan
 Tah eta alo kuring anu di Bandung teh
 Itu keponakan saya yang di Bandung

Alon, Perlahan
 Alon-alon atuh mawa motorna eta jalanna aya gajlugan
 Perlahan ya bawa motornya itu jalannya ada gaclekan

Alung, lempar
 Alungkeun we tong asa-asa pa, rek sarebu atawa lima ratus oge
 Lemparkan saja jangan sungkan-sungkan mau seribu atau lima ratus

Alus,  bagus
 Sora manukna mani alus kitu, meunang meuli dimana
 Suara burungnya sangat bagus gitu ya, dapat beuli dimana

Ambeh, 1.Agar, 2. Supaya
 Ambeh naon eta tangkal jeruk dikuribeng awi
 Agar apa itu pohon jeruk di kelilingi bambu

Ambek, marah
 Ari naon-naon teh sok gede ambek, sing sabar heula engke ge balik
 Kalau apa-apa jangan suka marah, sabar dulu nanti juga pulang

Amben, bale-bale dari bamboo
 Amben geura ganti, ayeuna mah loba nu bahan tina beusi
 Bale-bale cepat diganti, sekarang sudah banyak bahannya dari besi

Ambeu, cium, hirup
 Ambeuan tah kadu teh seungit teu
 Coba cium tuh durian wangi tidak

Amis, manis
 Amis oge eta jeruk teh biasa unggal meuli haseum wae
 Manis juga jeruk itu, biasanya tiap beli masam saja

Ancak, tempat sesajen

Urang lembur mah mun usum panen di sawah teh sok diancakan
Orang kampung itu kalau musim panen di sawah suka ada tempat sesajen

Ancal, berjauhan

Bareto mah lembur-lembur di Karawang masih ancal-ancalan keneh
Dulu itu kampung-kampung di Karawang jarakna berjauhan

Ancul, agak melompat

Lamun naek mobil jalanna goreng, nu numpak teh sok ancul-anculan
Kalau naik mobil jalannya jelek, penumpak itu duduknya agak melompat

Ancin, awet

Eta budak mun baranghakan teh ancin pisan
Itu anak kalau makan awet sekali

Angger, tetap
 Angger we geus diomongan ge kitu deui  kitu deui
 Tetap saja sudah dinasehati juga, begitu lagi begitu lagi

Anggeus, selesai
 Anggeus can pagawean teh, kunaon nya mani lila pisan
Selesai belum pekerjaan itu, kenapa ya sangat lama sekali       

Anteng, diam
Budak teh anteng geuning ari geus dibere cocoan mah
Anak itu diam juga kalau sudah diberi mainan

Anteur, antar
Dianteur atuh bisi teu ludeungeun kadituna
Diantar saja jangan-jangan tidak berani kesananya

Anu, yang
Anu boga empang eta saha nya, eta laukna mani galede pisan
Yang punya kolam itu siapa ya, itu ikannya sangat besar-besar

Apal, hapal
Apal pisan atuh jalan kadinya mah, ampir unggal bulan ngaliwatanna
Hapal sekali kalau jalan kesitu, hampir tiap bulan melewatinya

Apeng, kencang    
Mani aping-apengan eta jelema mawa mobilna
Sangat kencang sekali itu orang bawa mobilnya

Apung, terbang
Apungkeun atuh langlangyanganna mungpung aya anginna
Terbangkan saja layang-layangnya lagi ada anginnya

Apuy, renyah
Apuy pisan sampeu ari digodog heula mah
Renyah sekali singkong kalau dikukus lebih dulu  

Aran, nama 
Aran eta jelema mani panjang atuh, moal apal ku sakali maca
Nama orang itu panjang sekali, tidak akan hapal satu kali baca

Areng, arang, yaitu kayu yang sudah gosong dan menghitam
Nya ari meuleum sate mah kuduna pake areng atuh
Ya kalau bakar sate itu harusnya pakai arang

Asa, perasaan
Asana mah, asana pan eta teh baraya urang nu di pentas ditu
Perasaan itu masih saudara yang ada di sebrang sana

Asahan, Asahan, Batu untuk meruncingkan pisau atau golok
Cokot asahanna ari bedogna kodol mah
Ambil asahannya kalau goloknya masih tumpul

Asal, berasal
Ari maneh asal teh timana atuh
Kalau kamu berasal dari mana

Asihan, ilmu gendam untuk memikat wanita
Jelema eta boga asihan sok  meletan awewe
Orang itu  punya ilmu gendam suka memikat wanita

Asinan, Asinan
Can waktuna beurang tong waka ngadahar asinan
Belum saatnya sianghari jangan dulu makan asinan     

Asong, memberi, mendekatkan sesuatu
Jang ari ngasongkeun nanaon teh sing sopan atuh
Nak.. kalau memberi apa-apa itu biar sopan ya       

Atah, mentah
Tong dihakan atahna atuh, beak keur dahar engke
Jangan dimakan mentahnya ya, habis untuk makan nanti

Atawa, atau
Teuing waras atawa kumaha eta jelema sok seuseurian sorangan
Tidak tahu sehat atau bagaimana itu orang suka tertawa       
sendirian           

Ateul, gatal
Kunaon awak arateul atuh unggal ngadahar goring asin teh
Kenapa badan pada gatal ya setiap makan goreng ikan teri

Atoh, gembira

Atoh pisan ngadenge yen isukan bakal meunang duit gede teh
Sangat gembira mendengar besok akan dapat duit yang besar.                         

Awak, badan

Ieu awak mani ngeunaheun kieu, karak oge saminggu eureun ngaroko
Ini badan enak sekali, baru saja seminggu berhenti merokok. 

Awang, atas

Lamun urang tumpak kapal hiber aya di awang awang
Kalau kita naik kapal terbang ada di atas

Awi, bambu

Awi hideung mah alus atuh, sok dijieun naon wae 
Bambu hitam itu bagus, suka dibuat apa saja

Awong, teriak

Eta budak mani awong-awongan di udag tawon teh
Itu anak sampai teriak-teriak dikejar lebah

Awur, sebar, buang

Tong diawur-awur duit teh, nyaah mending pake modal dagang we
Jangan dibuang-buang uang itu, sayang pakai modal dagang saja

Aya, ada
Lamun aya lini, urang lembur sok gogorokan aya... aya... aya
Kalau ada gempa, orang kampung suka berteriak keras  ada... ada.. ada     

Ayakan, saringan 

Ari ayakan kamana? ' uing rek ngala keuyeup keur maraban entog
Kalau saringan kemana? Saya mau ambil kepiting untuk makan entog

Ayeuh, rebah
Pare teh geuning can tepi ka usum panen oge aya we nu ayeuh
Padi itu begitu belum sampai musim panen ada saja yang rebah

Ayeuna, sekarang
Ayeuna teh jaman edan pisan, maenya tibang dideuleu wungkul eta jelema teh teu puguh-puguh ngambek. (Sekarang itu jaman sudah gila, masa cuma dilihat saja itu orang tidak ada sebab marah).

Tags: Bahasa Sunda Huruf A Kamus
Share:
Newer Post Older Post Home
Designed by OddThemes

Error

Powered By Blogger

Caloeng Map
KUNJUNGI HISTATS
CARI LOKASI ANDA

About Author

Bergaya diatas prestasi, berupaya meredam prustasi.
Sim kuring, Herman Permana El-Hakiem, Blog kuring mangrupi hiji lembur.

Assalamualaikum, Nepangkeun dulur, Calung Blogger anu ngeunaan hiji blog anu mintonkeun seratan-seratan di kaca blog anu dipuseurkeun kana gantar kakaitan sareng kadaerahan nu aya di Karawang terkhusus Kampung Calung. Salami ieu blog-blog anu kapendak ku sim kuring di dunya maya carang pisan nyawalakeun kana kakaitan sareng singharep nyaeta hiji lembur. Sok sanaos elmu pangaweruh sim kuring nu diserat di sababaraha kaca blog kacida kakiranganna, nanging nyakitu mugi-mugi wae aya salah sawios kecap kanggo bahan cepengan atanapi catetan kanggo pamaos sadayana, nu tiasa dijantenkan bandingan pangaweruh atanapi rujukan anu ngeunaan hiji lembur. Nu saestuna urang digubragkeun sareng diagengkeun di lembur teh mangrupikeun catetan anu moal tiasa laas kapopohokeun, Sumuhun gan tilam katineung tea, sakieu we lur ti sim kuring, mugi-mugi sing janten anu matak ngagumbirakeun kapayunna, hatur nuhun pisan.
BAHASA INDONESIA


Hai Sobat perkenalkan, Saya Herman Permana El-Hakiem, Penulis sebuah blog kampong, Assalamualaikum, Perkenalkan sahabat, Calung Blogger adalah sebuah blog Kampung yang isi postingan-postingan halamannya terfokus kepada kedaerahan yang ada di Karawang terkhusus Kampung Calung. Selama ini blog-blog yang kami temukan di dunia maya jarang sekali membahas keterkaitan dengan sebuah obsesi tentang sebuah Kampung, walaupun pengetahuan yang kami tuliskan di beberapa halaman ini sangat minim, tetapi mudah-mudahan saja ada sepatah kata untuk menggugah hati pembaca sekalian untuk berobsesi tentang sebuah kampung halaman, yang pada dasarnya kita terlahir ke dunia yang pertama kali muncul status seseorang adalah dimana dia dilahirkan dan dibesarkan, yang tentunya tempat ini merupakan catatan kehidupan yang jangan pernah dilupakan, Demikian dari penulis.
BAHASA INGGRIS


Hi friends, I am Herman Permana El-Hakiem, author of a village blog, Assalamualaikum, Introducing friends, Calung Blogger is a village blog whose page posts focus on regions in Karawang, especially Calung Village. So far, the blogs that we find in cyberspace rarely discuss the connection with an obsession about a village, even though the knowledge we write on these few pages is very minimal, but hopefully there are a few words to inspire readers to obsess about. a hometown, in which we are basically born into the world where a person's status first appears is where he was born and raised, which of course this place is a record of life that should never be forgotten, Thus from the author.
PLEASE YOUR VISIT

Stay Connected

Popular Posts

  • Apa itu Sunrise?
  • Ngaran Kekembangan
  • Potret Kampung Calung
  • Mengenal 50 jenis burung kicau yang banyak dipelihara
  • Anak Monyet
  • Anak Lauk
  • Anak Lele
  • Anak Munding
  • Anak Lubang
  • Anak Sapi
Powered by Blogger.

Category

  • Anak Binatang 9
  • Anak Sasatoan 9
  • Aplikasi 4
  • Artikel 12
  • Binatang 6
  • Blogger 1
  • Destinasi 11
  • Hobi Ternak 1
  • Kamus 3
  • Nama Bunga 1
  • Ngaran kembang 1
  • Obat Herbal 1
  • Sasatoan 6
  • Tutorial 8
  • Wirausaha 2
  • Wisata 11
  • industri 1

Contact Form

Name

Email *

Message *