CALUNG KARAWANG

Cara Urang Calung Ngablogger

  • Home
    • Profile
    • Web Design
    • Statistik Blog
    • TV Qur'an
    • Illustrasi
    • Ekspresi
    • Version 1
    • Version 2
  • Megamenu
    • Bahasa
    • Tutorial
    • Aplikasi
    • Blogger
  • Destinasi
    • Wisata
  • Features
  • Aplikasi
  • TV Qur'an

Home Tatanen Pakasaban Urang Lembur

Pakasaban Urang Lembur

Admin July 19, 2020 0




Naon atuh ari pakasaban teh ?", Ari pakasaban teh ceuk basa sunda di Karawang mah katelahna "Pagawean", mun ceuk basa Indonesiana "Pekerjaan". Jadi atuh lamun kitu mah kecap singketan atawa akronim Pegawai Negeri Sipil (PNS) teh bisa jadi nyutat  ti basa sunda, Naon sababna?, sababna lamun di rencah eta basa teh bisa robah-robah harti atawa maknana. Sapertos, "digawe mun basa Indonesiana, cik naon atuh?, Kulantaran tadi tea Pagawean  teh alih basa kana "Pekerjaan", meureun digawe oge, moal digawai tapi " Bekerja". Nya lamun kecap asalna eta "Pekerjaan" nyaeta "Kerja" hartina "gawe". Contoh : Cik ari gawe urang di kantor naon atuh..., geuning ayeuna mah "gawe" teh tibang nyanghareup komputer wungkul?. nya ceuk basa Indonesiana " Nih..', kalau kerja kamu di kantor apa saja sih...sekarang itu begitu ya kerjanya, hanya menghadap komputer saja...?'. Ieu teh ngagambarkeun saumpama kasab jadi pagawe administrasi, lolobana gawena unggal poe teh ngan ngoprek kumputer atawa laptop, ari teu kitu digawe teh leled keur ngudag target, jeung deui digawe di tempat-tempat ngolah data ayeuna sakuduna make kumputer, salian tereh gawena oge pagawean bisa disimpen jeung dibuka deui dina eta kumputer, oge  ayeuna mah aya sawareh digawe ngolah datana online tea, nyaeta setor pagawean jarak jauh, ari online teh lain hungkul dina widang bisnis finansial sapertos toko online shofee, lazada, tokopedia, priceza, amazone, blibli, traveloka, iprice, zilingo, zalora jeung sajabana, geus puguh eta mah keur ningkatkeun privasi pausahaan, sedengkeun  nu sangkut pautna jeung pagawean oge ayeuna mah online, ku sistem online dianggap ku balarea memang nguntungkeun, salah sahijina ngarobah dimensi waktu tina long time jadi short time keur widang pagawean jeung praktisna mekanisme transaksi ical galeuh teu aya istilah adu regeng dina nangtukeun harga.
Ngan kitu meureun ari dina urusan kasab atawa gawe  loba lolongkrang waktu anu kosong, teu cara bareto masih keneh make mesin tik manual, gawe teh karasa aya tapakna, dina sapopoena teh sok aya pagawean,  jadi ayeuna mah  ti saprakna robahna sistem gawe ku sistem online nempo pagawe kantor teh kawas euweuh gawena, ngan panon we netep seukeut kaharep awak cicing teu regrog-regrog, tapi bari jeung kitu oge meureun ari garapeun mah pasti kahancana. nya saumpama dibandingkeun jeung  tempat sejen anu teu aya pakakas heuras, enya "Perangkat kasar" atawa ceuk basa peuntas mah "Hardware" anu jeroanna keur ngopreksi aplikasi-aplikasina disebut perangkat hipu atawa perangkat lunak (Software) sapertos program window, App, mac, android desktop, machine search atawa browser. ari di tempat sejen anu salian ruang perkantoran moal pisan nyekelna kana pakakas nu kararitu, sabab nu disanghareupan beda, jeung kumaha pagaweanna, ceuk basa cecekelan mah kumaha pacabakanna. Heueuh naon anu dicabakna unggal poe. Mun pagaweana nyabak mesin otomotif di pabrik industri, pasti pacabakanna atawa pakasabanna jadi "Operator mesin industri". Ah pokona mah sacabakna-sacabakna we, tapi ulah suudzon nyabak teu pararuguh, anu diulahkeun ceuk agama, eta mah dipahing ulah...ulah pisan.
Foto : Shofee.co.id
Pakasaban-pakasaban urang lembur loba pisan diantarana :
1. Tatanen
Bareto pakasaban urang lembur teh kacida loba pisan saumpama dibandingkeun jeung jaman kiwari. Mun ditelek-telek gawe urang lembur ayeuna ngeunah kacida enteng jeung ngeunaheun pisan. Coba we lamun tukang tani atawa patani, mun tatanen di sawah bareto mah bisa karasa capena, ngolah sawah ti mimiti babad galeng, babad sawah, ngawuluku atawa macul, nampingan, tandur, ngarambet, mupuk neupikeun ngalaan parena, estuning gawe teh kaluar kesang badag jeung kesang lembut atuh, ngolah sawah teh kabeh oge make tanaga, salian ku jelema dibantu  ku ingon-ingon atawa sabangsaning sato piaraan sapi atawa kebo. Tapi ayeuna ku kamajuan abad industrialisasi jeung modernisasi, gawe hayang ngolah sawah teu kudu ripuh ngulikeun ngawuluku atawa macul ka sababaraha jalma, kalayan anggeusna oge lila, saminggu atawa dua minggu sawah teh karak bisa dipelakan pare, ari ayeuna nyawah teh ngan saukur mencet tombol mesin kalektor atawa traktor bari jeung diuk santey sakeudeung oge ngolah sawah teh anggeus we, tereh. teu durugdug kaditu, deregdeg kadieu, muter-muter kotakan bari mamanggul pacul, ih cape. Sok komo beuki dieu produksi mesin keur ngolah sawah beuki sarwa canggih, ayeuna mah tandur oge teu dicecebkeun jeung ngala parena teu dicekres ku etem jeung diarit tapi oge make mesin,  nyakitu deui murageun pare tina ranggeuyannana teu kudu digebot atawa ditincak ku jelema ayeuna mah make mesin pemanen Paddy Reaper jeung mesin model merek combain harverter galaxy anu hargana oge kaitung mahal, ari ngajalankeunna cukup we pencet tombol tidinya mah parena tinggal ngawadahan atawa ngarungan, da  parena otomatis morolo tina mesin, mun nempo kadinya meureun pisakumahaeun pakasaban-pakasaban urang lembur jadi ngurangan, leuwih ti kitu leungit moal aya  kabejakeun aya hanca gawe jelema di sawah, ulah-ulah we engke mah patani balik ka imah tinggal manggul hasilna geus jadi beas, meureun jelema teh geus moal ngadesel kana mesin giling pare, sok komo ditutuan dina jubleg atawa lisung mah, eta mah geus tinggal papaitna keur tradisi urang sunda, kieu teh kaayaan di Karawang geus mimiti ngolah tatanen sarwa modern, tapi teuing saumpama di tempat sejen, meureun moal bedana.


2. Ngahuma
Ngahuma salah sahiji pakasaban urang lembur atawa kasebutna urang leuweung, pedah meureun  urang lembur cicing diditu boga huma tempat tatanen atawa tegal keur meulak palawija. Baheula mah urang lembur teh ceuyah meulak palawija kayaning sampeu, hui, kacang panjang, jagong jeung sabangsana, nyakitu meulak pare leuweung pare gogo, cere beureum, cere ketan hideung ener bandung, tah eta teh kasebut boga pakasaban "Ngahuma". 

Pare huma : docplayer.info
Iraha wae cenah waktuna urang lembur ngahumana?", urang lembur kasab kana ngahuma teu unggal usum terus-terusan mayeng, hal eta teh gumantung kana usum-usuman, mun di urang sunda mah gumantung kana kaayaan cai  di lembur. Mun teu usum nyawah meureun karak urang lembur teh ka leuweung rek kasab melak palawija di kebon atawa tegalan. Tapi saumpama keur jalma nu teu boga sawah di lembur meureun ngahuma sapopoena di leuweung, teu kudu nunggu anggeus panen di lembur,  di leuweungna maranehna bisa melak rupa-rupa pepelakan kayaning palawija jeung pare huma. 

3. Ngangon
Ngangon salah sahiji pakasaban kaitung pacabakan urang lembur, lolobana di lembur mah ingon-ingon teh sok diangon ka tempat anu aya jukutna, bareto mah di Karawang belah kidul loba tempat nu lega keur ngangon ingon-ingon sapi, kebo, atawa domba. Nu ngangon di eta tempat datang nu ti unggal lembur, komo nu ngangon ingon-ingonna loba mah di giringna oge make kuda sagala.  Ngangon sapi atawa kebona teh mayeng unggal poe da emangna oge geus jadi pakasaban ti mimiti poean isuk neupikeun ka wayah panon poe nutug ngulon. Kabehdieukeun pakasaban ngangon teh geus arang langka dilakukeun ku urang lembur, da memangna tempatna ayeuna geus kadeseh ku kawasan industri nu mancawura ka unggal tempat meakeun tegal-tegal nu harejo ngemploh ku jukut. Lolobana ingon-ingon teh di kandangan ,ayeuna mah mere kahakanan keur ingon-ingon teh cukup we ngarit jukut atawa ku daun pare jeung cau oge daekeun. 

Pakasaban-pakasaban nu sejenna loba pisan ari di lembur salian ti tatanen jeung ngahuma, diantarana ; jadi patukangan nyaeta tukang nyieun wangunan atawa imah, tukang dagang, tukang kuli, tukang gagarabah jeung rea-rea deui pakasaban jadi tukang nu engke ngahasilkeun. Aya deui pakasaban-pakasaban anu sejenna, tapi lain pakasaban anu sok dicabak unggal waktu atawa unggal poe, ieu mah pagawean nu kasamperna bari jeung teu ngarep-ngarep hasilna keur nu tetep, pakasaban naon cenah, pakasaban eta kasebutna gawe nu enteng bari jeung teu ngabogaan resiko, rek meunang teu meunang teu ngajadikeun masalah. Mun  pakasaban eta keur ninggang dina untung meureun hasilna mucekil, mun ninggang dina suwe meureun teu barang bawa ka imah, conto pakasabanna; kokodok, neger lauk, nganco, ngurek, ngobor belut, ngobor simeut, ngobor manuk, nguseup, ngajaring simeut atawa newak manuk, ngecrik. Tah eta kabeh teh kasebutna Pakasaban sampeuran. 
Naha cenah urang lembur boga teu pakasabanna anu ngareunah atawa ngamenak?", is puguh we..". sok komo saumpama urang mertelakeun yen anu gawe di kantor-kantor pamerentah atawa lembaga swastanisasi di kota lolobana teh urang lembur jeung jalma anjoran ti mana mendi, henteu wungkul boga kasab nu kasebut di luhur tadi,  leuwih tikitu loba urang lembur motekar ngolah nagara, pangutamana mah ngolah widang administrasi di kantor-kantor pausahaan atawa institusi pamarentah, ari kitu tea mah urang lembur teh teu ulukutek wae di lembur atawa di leuweung,  loba oge nu icikibung di tempat nu sejenna. Jeung saumpama dititenan ku urang geuning nu nyongcolang jaradi pajabat di daerah atawa di pusat teh lain urang kota, tapi aya oge urang lembur atawa sisi gunung, ah pokona mah urang lembur mah ka bulu ka bale, ceuk paribasana mah kaluhur jadi sirung kahandap jadi akar, ulah nganggap dusun teuing ka urang lembur mah, kiteuh. 
Tags: Artikel Bahasa Ngahuma Potret Tatanen
Share:
Newer Post Older Post Home
Designed by OddThemes

Error

Powered By Blogger

Caloeng Map
KUNJUNGI HISTATS
CARI LOKASI ANDA

About Author

Bergaya diatas prestasi, berupaya meredam prustasi.
Sim kuring, Herman Permana El-Hakiem, Blog kuring mangrupi hiji lembur.

Assalamualaikum, Nepangkeun dulur, Calung Blogger anu ngeunaan hiji blog anu mintonkeun seratan-seratan di kaca blog anu dipuseurkeun kana gantar kakaitan sareng kadaerahan nu aya di Karawang terkhusus Kampung Calung. Salami ieu blog-blog anu kapendak ku sim kuring di dunya maya carang pisan nyawalakeun kana kakaitan sareng singharep nyaeta hiji lembur. Sok sanaos elmu pangaweruh sim kuring nu diserat di sababaraha kaca blog kacida kakiranganna, nanging nyakitu mugi-mugi wae aya salah sawios kecap kanggo bahan cepengan atanapi catetan kanggo pamaos sadayana, nu tiasa dijantenkan bandingan pangaweruh atanapi rujukan anu ngeunaan hiji lembur. Nu saestuna urang digubragkeun sareng diagengkeun di lembur teh mangrupikeun catetan anu moal tiasa laas kapopohokeun, Sumuhun gan tilam katineung tea, sakieu we lur ti sim kuring, mugi-mugi sing janten anu matak ngagumbirakeun kapayunna, hatur nuhun pisan.
BAHASA INDONESIA


Hai Sobat perkenalkan, Saya Herman Permana El-Hakiem, Penulis sebuah blog kampong, Assalamualaikum, Perkenalkan sahabat, Calung Blogger adalah sebuah blog Kampung yang isi postingan-postingan halamannya terfokus kepada kedaerahan yang ada di Karawang terkhusus Kampung Calung. Selama ini blog-blog yang kami temukan di dunia maya jarang sekali membahas keterkaitan dengan sebuah obsesi tentang sebuah Kampung, walaupun pengetahuan yang kami tuliskan di beberapa halaman ini sangat minim, tetapi mudah-mudahan saja ada sepatah kata untuk menggugah hati pembaca sekalian untuk berobsesi tentang sebuah kampung halaman, yang pada dasarnya kita terlahir ke dunia yang pertama kali muncul status seseorang adalah dimana dia dilahirkan dan dibesarkan, yang tentunya tempat ini merupakan catatan kehidupan yang jangan pernah dilupakan, Demikian dari penulis.
BAHASA INGGRIS


Hi friends, I am Herman Permana El-Hakiem, author of a village blog, Assalamualaikum, Introducing friends, Calung Blogger is a village blog whose page posts focus on regions in Karawang, especially Calung Village. So far, the blogs that we find in cyberspace rarely discuss the connection with an obsession about a village, even though the knowledge we write on these few pages is very minimal, but hopefully there are a few words to inspire readers to obsess about. a hometown, in which we are basically born into the world where a person's status first appears is where he was born and raised, which of course this place is a record of life that should never be forgotten, Thus from the author.
PLEASE YOUR VISIT

Stay Connected

Popular Posts

  • Apa itu Sunrise?
  • Ngaran Kekembangan
  • Potret Kampung Calung
  • Mengenal 50 jenis burung kicau yang banyak dipelihara
  • Anak Monyet
  • Anak Lauk
  • Anak Lele
  • Anak Munding
  • Anak Lubang
  • Anak Sapi
Powered by Blogger.

Category

  • Anak Binatang 9
  • Anak Sasatoan 9
  • Aplikasi 4
  • Artikel 12
  • Binatang 6
  • Blogger 1
  • Destinasi 11
  • Hobi Ternak 1
  • Kamus 3
  • Nama Bunga 1
  • Ngaran kembang 1
  • Obat Herbal 1
  • Sasatoan 6
  • Tutorial 8
  • Wirausaha 2
  • Wisata 11
  • industri 1

Contact Form

Name

Email *

Message *